Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan
Rabu, 07 Agustus 2019
Sabtu, 22 September 2018
Nu Mulang ti Panyingkuran
Rebun
keneh Sahroja geus ngereles indit sorangan ti saung, sejak mulang miheulaan
pamajikana nu masih keneh bebenah. Sakumaha biasana unggal poe Jumaah, sajaba
ngalongok lembur teh hayang biasa aub jumaahan jeung batur salembur. Sab ceuk
katerangan kurang apdol mun jumaahan di luar kampung, utamana salagi dina kaayaan
rineh. Kusabab geus kaitung rerempo inyana milih jalan nu aman, dina harti teu
make jalan torobos nu hara-haraeun, samodel sajaba kudu mapay galengan jeung
sakapeung nyisi
Rabu, 15 Februari 2017
Getih Nu Busrat Basret
Isuk-isuk guyur, nyi Yuyun jadi korban rajapati. Getih busrat-basret
di jero imahna. Tapi aneh di sakujur awakna taya raheut tapak bedog
atawa balati. Saupama lin manusa nu nelasana, upamana sato galak,
taya tapak huntu atawa kuku urut nyoco. Budak parawan nu masih sakola
SMP kelas tilu teh tilar dina kayaan guyang getih.
“Sanes aya nu mergasa, si nyai teh utah getih,” Ni Cicih indungna
Yuyun, carinakdak ngomong dumreda ka nu anyar daratang ngalayad.
“Wayah kumaha kasorangna?” tanya nu pangdeukeutna sasat
Senin, 30 Januari 2017
Alatan Cikopi Nu Lian
Carpon Otang K.Baddy (Majalah Mangle No. 2611 Januari 2017)
Sagelas cikopi panas mayambah di jero dada, panasna karasa awet. Ciherang nu pacampur bubuk kopi geus mimiti nyalaksak na gero dada. Ciduh laas, kabur tina angen-angen buuk, ngalepak beungeut kuring nu garing. Soara anjeun geus ngagempur pangreungeu kenca-katuhu.
Sagelas cikopi panas mayambah di jero dada, panasna karasa awet. Ciherang nu pacampur bubuk kopi geus mimiti nyalaksak na gero dada. Ciduh laas, kabur tina angen-angen buuk, ngalepak beungeut kuring nu garing. Soara anjeun geus ngagempur pangreungeu kenca-katuhu.
“Kopi nanahaon nu kieu. Tadi ge pan titah nyieun kopi nu amis!?”
“Gulana kari saeutik, Kang.”
“Naha atuh lain meuli wuri-wuri apal rek beak.”
“Biasana akang sok resepna
kopi pait,”
“Nya eta mah bareto. Tapi
pan ayeuna mah hayangna kopi nu amis. Dasar jikan atah adol!”
Kila-Kila Sada Manuk
Carpon Otang K.Baddy (Majalah Sunda Midang, Edisi 25 Januari 2017)
Lin nanaon, kuring mah datang ka sisi walungan teh sejak nguseup. Jadi taya
maksud lian ti nguseup. Sumawona ngahaja nyumput atawa
ngimpleng pikeun nandasa batur. Teu pisan-pisan, jauh tanah ka langit. Bororaah mikiran
nu karitu. Cenah eta pedah ngajugur ti tas magrib peuntaseun imah Kang Soleh, da taya
maksud rek papaling .
Jumat, 27 Januari 2017
Sora Batuk Kajajaden
Najan rumasa boloho, Kasji teu sieun mun saupama hirup kudu gelut papuket atawa durder perang. Sok komo pikeun ngabela bebeneran. Cadu mungkuk kudu mundur, cenah. Kitu deui salaku hirup nu ngandelkeun ladang tatanen ti leuweung, samodel melak pare-jagong di huma katut pakaya sapuratina, teu ieuh kumeok pikeun nyegah serangan hamana. Utamana hama urang leuweung samodel bagong, cek paribasana najan jumlahna leuwih sawidak siap rek dilawan. Nya dilawan ku tarekah, samodel pakaya ku cara dibenteng, dipager, di jaregjeg ku mangpirang talajak nu kuat. Mun embung kitu ku cara diparigpug batu ti saung ranggon.
Selasa, 24 Januari 2017
Lalaki Bir
Meja nomor 16, di jero kafe. Ruslan halon ngalengak bir nu dipesen ti
saurang pelayan 10 menit samemehna. Geus dua gelas cai inuman eta ngaliwatan
tikorona. Tapi manehna katangen guligah,
masalahna nu keur didago teh teu wae we hol.
Najan kitu teuteupna buringas, mencrong lawang panto.
Selasa, 17 Januari 2017
Rukun Nu Kalarung
"Rukun
Nu Kalarung". demikian judul cerpen berbahasa Sunda yang dimuat di
Suara Daerah No.517, merupakan karya pertama saya yang tampil di media
pada Februari 2016. Kepada Majalah Bulanan PGRI Jabar, saya haturkan
banyak terimakasih atas kesudiannya memuat tulisan saya ini.
______________________________________________________________
______________________________________________________________
Carpon Otang K,Baddy
Rukun Nu Kalarung
Jauh samemeh daftar
haji teu weleh mikir, naha sanggup dirina narima balesan atawa ganjaran tina
dosa-dosana ke di tanah suci? Nurutkeun beja cek nu geus ngalaksakaeun ibadah
haji, di tanah suci mah
Minggu, 31 Januari 2016
Beurit
Cerpen Bahasa Sunda/Carpon: Otang K.Baddy (Tribun Jabar 12 Januari 2016)
“Gebuug..! Podaran….! Duruuuk…!” tinggorowok.
Ampir unggal poe. Pikeun nu teu apal mah matak ketir ngadengena, sok komo
pikeun nu boga dosa, sabab aya kecap podaran jeung duruk. Nya teu aneh,
sihoreng keur maloro beurit. Salaku nu kapeto jadi pupuhu di desa Cangkewok,
nya kuring tangtu ngadukung.
Langganan:
Postingan (Atom)








