Tampilkan postingan dengan label Bahasa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Bahasa Sunda. Tampilkan semua postingan

Rabu, 07 Agustus 2019

Sawah Gadean

Carpon Otang K Baddy (Sunda Midang 26 Maret-27 April 2019)  

       Ngadadak rieut mikiran soal gadean, nyeta gadean sawah. Pangpangna sabada Kang Ruslan kapilanceuk kuring nu salila ieu boga nu gering ngajempreh, angkag-ingkig nanawarkeun sawahna hayang digade. Basana tulungan cenah.

Sabtu, 22 September 2018

Nu Mulang ti Panyingkuran


     
Carpon Otang K Baddy (SKM Galura, MInggu II Sept 2018)

       Rebun keneh Sahroja geus ngereles indit sorangan ti saung, sejak mulang miheulaan pamajikana nu masih keneh bebenah. Sakumaha biasana unggal poe Jumaah, sajaba ngalongok lembur teh hayang biasa aub jumaahan jeung batur salembur. Sab ceuk katerangan kurang apdol mun jumaahan di luar kampung, utamana salagi dina kaayaan rineh. Kusabab geus kaitung rerempo inyana milih jalan nu aman, dina harti teu make jalan torobos nu hara-haraeun, samodel sajaba kudu mapay galengan jeung sakapeung nyisi 

Rabu, 15 Februari 2017

Getih Nu Busrat Basret

Carpon Otang K.Baddy ( Majalah Mangle  No. 2615/ 9-15 Februari 2017)
   Isuk-isuk guyur, nyi Yuyun jadi korban rajapati. Getih busrat-basret di jero imahna. Tapi aneh di sakujur awakna taya raheut tapak bedog atawa balati. Saupama lin manusa nu nelasana, upamana sato galak,  taya tapak huntu atawa kuku urut nyoco. Budak parawan nu masih sakola SMP kelas tilu teh tilar dina kayaan guyang getih.
      “Sanes aya nu mergasa, si nyai teh utah getih,” Ni Cicih indungna Yuyun, carinakdak ngomong dumreda ka nu anyar daratang ngalayad.
      “Wayah kumaha kasorangna?” tanya nu pangdeukeutna sasat

Senin, 30 Januari 2017

Alatan Cikopi Nu Lian

Carpon Otang K.Baddy (Majalah Mangle No. 2611 Januari 2017)


Sagelas cikopi panas mayambah di jero dada, panasna karasa awet. Ciherang nu pacampur bubuk kopi geus mimiti nyalaksak na gero dada. Ciduh laas, kabur tina angen-angen buuk, ngalepak beungeut kuring nu garing. Soara anjeun geus ngagempur pangreungeu kenca-katuhu.
      “Kopi nanahaon nu kieu. Tadi ge pan titah nyieun kopi nu amis!?”
      “Gulana kari saeutik, Kang.”      
      “Naha atuh lain meuli wuri-wuri apal rek beak.”
      “Biasana akang sok resepna kopi pait,”
      “Nya eta mah bareto. Tapi pan ayeuna mah hayangna kopi nu amis. Dasar jikan atah adol!”

Kila-Kila Sada Manuk



 Carpon Otang K.Baddy (Majalah Sunda Midang, Edisi 25 Januari  2017)

       Lin nanaon, kuring mah datang ka sisi walungan teh sejak nguseup. Jadi taya maksud lian ti nguseup.  Sumawona ngahaja nyumput atawa ngimpleng pikeun nandasa batur. Teu pisan-pisan, jauh tanah ka langit. Bororaah mikiran nu karitu. Cenah eta pedah ngajugur ti tas magrib peuntaseun imah Kang Soleh, da taya maksud rek papaling .

Jumat, 27 Januari 2017

Sora Batuk Kajajaden

 Carpon Otang K.Baddy (SKM Galura, Minggu III Desember 2016)

     
       Najan  rumasa boloho, Kasji teu sieun mun saupama hirup kudu gelut papuket atawa durder perang. Sok komo pikeun ngabela bebeneran. Cadu mungkuk kudu mundur, cenah. Kitu deui salaku hirup nu ngandelkeun ladang tatanen ti leuweung, samodel melak pare-jagong di huma katut pakaya sapuratina, teu ieuh kumeok pikeun nyegah serangan hamana. Utamana hama urang leuweung samodel bagong, cek paribasana najan jumlahna leuwih sawidak siap rek dilawan. Nya dilawan ku tarekah, samodel pakaya ku cara dibenteng, dipager, di jaregjeg ku mangpirang talajak nu kuat. Mun embung kitu ku cara diparigpug batu ti saung ranggon.

Selasa, 24 Januari 2017

Lalaki Bir



    
Carpon Otang K.Baddy ( Majalah Mangle No.2567/ 3-9 Maret 2016) 

      Meja nomor 16, di jero kafe. Ruslan halon ngalengak bir nu dipesen ti saurang pelayan 10 menit samemehna. Geus dua gelas cai inuman eta ngaliwatan tikorona. Tapi manehna  katangen guligah, masalahna nu keur didago teh teu wae we hol.  Najan kitu teuteupna buringas, mencrong lawang panto.

Selasa, 17 Januari 2017

Rukun Nu Kalarung

"Rukun Nu Kalarung". demikian judul cerpen berbahasa Sunda yang dimuat di Suara Daerah No.517, merupakan karya pertama saya yang tampil di media pada Februari 2016. Kepada Majalah Bulanan PGRI Jabar, saya haturkan banyak terimakasih atas kesudiannya memuat tulisan saya ini.
______________________________________________________________


Carpon Otang K,Baddy
Rukun Nu Kalarung
    Jauh samemeh daftar haji teu weleh mikir, naha sanggup dirina narima balesan atawa ganjaran tina dosa-dosana ke di tanah suci? Nurutkeun beja cek nu geus ngalaksakaeun ibadah haji, di tanah suci mah

Senin, 28 November 2016

Basa nyaba ka Rajadesa tumpak kareta

Eta lalaki duaan teh tukang jengkol. Datang ka lembur kuring (Cijulang) seja ngaborongan jengkol. Harita maranehna memeh magrib anteng mesekan jengkol wetaneun imah kuring, pas di bubulak sisi jalan satapak nu brasna ka pajaratan.

Rabu, 10 Februari 2016

Parebut Beuleum Jagong

Mangsa Lawas, ku Otang K.Baddy

Lin parebut kueh atawa congcot, komo parebut duit mah jajauheun. Ieu mah teu pira ukur beuleum jagong. Teu aneh teu sing. Tapi da harita mah matak ear, tur matak guyur salelembur. Rek teu kitu kumaha tuda, harita mah can aya kueh atawa sukro, paling mun aya ge kacang jimluk. Kitu deui mun dipakaitkuen jeung congcot --sangu di bucu aseupan-- harita mah aya ge kurang normal, sabab nu sakuduna congcot teh beas marus harita mah nu aya teh paling congcot tina pare gaga. Leuheung mun

Minggu, 31 Januari 2016

Beurit

     Cerpen Bahasa Sunda/Carpon: Otang K.Baddy (Tribun Jabar 12 Januari 2016)    

     “Gebuug..! Podaran….! Duruuuk…!” tinggorowok. Ampir unggal poe. Pikeun nu teu apal mah matak ketir ngadengena, sok komo pikeun nu boga dosa, sabab aya kecap podaran jeung duruk. Nya teu aneh, sihoreng keur maloro beurit. Salaku nu kapeto jadi pupuhu di desa Cangkewok, nya kuring tangtu ngadukung.

Popular Posts

Blogroll