Rabu, 15 Februari 2017

Getih Nu Busrat Basret

Carpon Otang K.Baddy ( Majalah Mangle  No. 2615/ 9-15 Februari 2017)
   Isuk-isuk guyur, nyi Yuyun jadi korban rajapati. Getih busrat-basret di jero imahna. Tapi aneh di sakujur awakna taya raheut tapak bedog atawa balati. Saupama lin manusa nu nelasana, upamana sato galak,  taya tapak huntu atawa kuku urut nyoco. Budak parawan nu masih sakola SMP kelas tilu teh tilar dina kayaan guyang getih.
      “Sanes aya nu mergasa, si nyai teh utah getih,” Ni Cicih indungna Yuyun, carinakdak ngomong dumreda ka nu anyar daratang ngalayad.
      “Wayah kumaha kasorangna?” tanya nu pangdeukeutna sasat
panasaran, utamana bangsa awewe.
      “Janari, kasubuhnakeun,” walon awewe nu umurna katangeun cuwet, meureun perbawa cape gawe nu geus lima taun ditinggalkeun ku salakina. Inyana hirup saimah katilu anak, nu cikal
Kasbo masih bujang, sedeng bungsuna mah nyeta Yuyun tea.
       Kabeh tingkelencrek bati gogodeg, Teu sangka cenah, budak geulis bari bageur rek pondok umurna. Kituna samemeh saladar yen umur mah geuning teu tangtu. Boh kolot boh budak ari waktuna dipunut ku Gusti mah teu bisa ditolak.
       Kusabab sabenerna  lin korban rajapati, sakumaha biasa sanggeus dimandian jeung disolatkeun layon teh gowat dikurebkeun. Sajaba nu jajap teh sasatna tumplek sakampung, ti pihak sakola ge lin ukur guru tapi mangpirang murid atawa baturna marilu jajap ka pasarean. Sanggeus talkin dibacakeun kabeh mgaburiak, sejak marulang sewang-sewangan.
      Sajajalan aya oge nu tingkecewis ngeunaan tilarna nyi Yuyun. Malah tina sabagian aleutan aya nu ngahaja mandeurikeun maneh.
      “Cukang lantaran nu kaitung teu sawajar,” omong Jumahdi, “Utah getih lalambaran!”
      Nu ngadenge kabeh tingpuringis nandakeun ketir jeung kairut ku hiji bahasan.
      “Mun geus kieu mah kudu cepet dibereskeun!” masih cek Jumahdi, lalaki leuwih ti kolot nu kaitung boga pangaruh di ieu kampung. Malah ampir sakabeh masyarakat -kaitung Olog di kampung eta mah  sasatna mikolot. Inyana nu kungsi jadi pataji sunat, sok remen dipenta tulung boh masalah ngubaran panyakit atawa dipenta bobonglongan saupama aya reregeg dina urusan kampung. Nya samodel budama-badami ngatur metakeun panitia pangwangunan kampung sangkan tong pacorok pamadegan.
      Mana teu aneh basa mulang ti pajaratan, omongana pada ngahaminan. Teu bina ti rapat darurat nu ngahasilkeun kasimpulan nu klop,  yen tilarnya Nyi Yuyun cukang latarana alatan aya nu neluh.
       ***
       Sanggeus ngariung tahlil sadugna, bada isya Rukmini digedor panto imahna. Terus dibawa ku ka bale kampung. Iwal ti barudak leutik, sasatna sakampung mah tumplek ngaliud wangunan ukuran 4X6 meter nu sakapeung mah sok dipake pos yandu.
       Rukmini nu hirupna rarandaan ampir sapuluh taun tur can boga budak, sasatna pada pada ngagenjang kenca katuhu. Taya binana saurang koruptor atawa bangsat, pelaku kriminal nu anyar kecerek. Ngan bedana teu dibangkol wungkul, sab boga bangkol ti mana ari bangsa hansip mah. Terus eta nyi randa teh dipetakeun dina korsi, nyanghareupan dua meja nu direndegkeun sakaligus nu dikawasa ku Jumahdi -salaku pasepuh, RT jeung Olog. Saliwat mah taya bedana ampir sarua jeung rek sidang di pengadilan.
      “Ari maneh ku teu boga rasrasan Ruk, naha atuh bet tega nelasan budak nu teu tuah teu dosa,” omong Jumahdi ditorojol betonkeun langsung kana persoalan.
       Rukmini teu nembal, malah katangeun molohok.
       “Gablog teu ngaku mah, gabloog...!”
       “Sered kaluaaar...!”
       “Paingan teu payu atuh ari tukang teluh mah..!”
       Rukmini ngadenge sora tingcorowok ti luar, langsung ngeluk kawas bueuk beunang mabuk.
       “Tuh, masa di luar geus narapsu. Mana kudu jawab sajujurna, kunaon maneh nepi tega nelasan pati Nyi Yuyun? Naon dosana, jawab sing jujur!” tandes Jumahdi bangun haneua. RT Rojak jeung Olog Rohman mah ukur karacam-kuereuceum we bangun ketir nempo kaayaan.
        “Tukang teluh pantang ngaku mun teu disiksa heula!”
        “Atawa hayang dijotos ku dewek hah,  si randa begang teh!” Kasbo nu ti tadi direndengan hansip Karmod teu pupuguh norojol ka jero. Untungna kaboro katewak ku hansip Gacot nu ti tadi ngawal Rukmini. Da sasat mun teu katewak mah moal boa ieu nyi randa teh pejet. Munasabah ku kitu tea mah. Sajaba jadi ulon-ulon rajapati adina oge Kasbo ngarasa ceuceub kana omongan ieu mangkeluk tatangga nu imahna sacurigan teh. Inyana akon-akon magar kungsi nyieun laku teu uni jeung dirina, malah sapeuting ngalakukeun tilu kali. Padahal eta bacot teh ukur hoax taya bukur nu eusina mah bakating hayang dikawin ku Kasbo. Nya memang antara bujang jeung nyi randa begang ieu teh kungsi aya hubungan, tapi ukur hubungan biasa. Kitu ge pedah we Rukmini sasatna sok ngaraketan wae. Nya sajaba bogoh nataku ka bujang teh pedah we ongkoh bari imahna sacurugan. Rukmini sasatna sok remen pulang anting larsup ka imah ngudag-ngudag ieu jajaka.
       “Jadol teh!” Kasbo cumiduh.
       “Sabar Bo, sabar,” Hansip Gacot ngelelemu nu keur napsu.
       “Percumah lah, asa teu ari-ari boga elmu teluh ge ari korbanna bangsa cacah kuricakan mah.!” corowok ti luar.
       “Mun kitu mah bisa neluhan bangsat duit nagara rek didukung!”
       “Bener, malah mun teluhna  bisa numpes para koruptor  mah sakalian uing ge rek guguru!”
       “Hust!” saurang nyiku ka nu gareuwah. Sawarehna tingcikikik, pangrasa asa keur hiburan. Hansip paciweuh ngusahakeun mepes nu riweuh.
       Sakedapan mah kayaan jempe, utamana waktu Jumahdi kucuwas-kecewis mapatkeun jampe pamakena bari nyekel gelas nu eusina ciherang.  Sabada dikekemukeun terus diburakeun ka hareupeun Rukmini. Nu diparabunan ngeluk. Taya reaksi nu lian memang ti tatadi ge ngeluk.
       “Sok lah rek mungkir kumaha,” omong Jumahdi.
       Tapi Rukmini anger mugem. Di pikirna aya rasa tambah cua ka ieu lalaki nu kungsi miharep ka dirina sangkan daek jadi jikan nu kadua. Rukmini harita nolak ku cara lemes, alesana karunya ka Wa Karsah, pamajikan Jumahdi. Teu hayang ngaraheut atawa ngudawangkeun hate batur ku alasan ngarebut salakina, kitu basana. Teu cukup kitu, sab piraku ongkoh ari kudu daek dicandung ku pantaran aki-aki bari ekonomina nu kaitung teu sabaraha. Sok komo Jumahdi kiwari geus teu payu jadi paraji sunat sab kaleled ku dunia medis. Nu nyarunatan teh lolobana ka dokter, sab panganten sunat teu kudu kasiksa ku raheutna. Sajaba kitu, Rukmini leuwih katarik ati ku Kasbo.
      Kabeh nu aya di dinya bangun nu kasirep basa Jumahdi ngalurkeun bungkusan lawon bodas, terus diteundeun dina meja.
      “Sok rek lumpat kamana, tanda bukti geus nemrak kieu,” omong Jumahdi bari terus muka eta bungkusan lawon bodas, di jerona aya sababaraha entepan jarum.
      Kabeh jalma ngareok, papada panasaran hayang apal nu kumaha ari pakakas teluh.
      “Rumasa teu ngubur bungkusan ieu dina curugan imah?”
       Rukmini gideug.
       “Aya kamungkinan, bisa wae niat males kanyeri ka lanceukna nu apes adina,” masih cek Jumahdi katangen kalem.
       Atuh barang ngadenge kitu Kasbo asa kahuru, terus ngahoak, “Naha atuh lain podaran langsung dewek teh Beruuuk. Kunaon atuh bet selang make ku cara gaib, geuning bet salah sasaran, goblooog!” Kasbo gegebes tina talikungan Hansip Gacot, leungeuna teu kaampeuh hayang nyiksa eta awewe nu tungkul wae bangun nu nembongkeun karumasaan lakuna. Tapi Kasbo teu walakaya, utamana basa harita ujug-ujug aya pulisi jeung kuwu sasatna sakilat ngiwat awewe nu dituduh neluh. Alesanana rek diamankeun ku cara proses nu leuwih merenah cenah. Najan kitu sabubuhan lalaki aya oge nu rek nyegah Rukmini sangkan urusan diberaskeun di TKP. Tapi bolay, sabab kaboro dibawa nyemprung dina mobil pulisi.
      **
       Can oge tujuhna sabada tilar Yuyun,  Ni Cicih tambah raheut atina. Sasat katurug katutuh ku bancang pakewuh. Kasbo bet teu pupuguh gering parna. Malah kaitung mahiwal, muriang panas bari ngocoblak. Leuheung mun bari cicing ngedeng di imah, da ieu mah aya kalana sok kaluar sagala.
       Nu jadi bibir catur, mimitina mah basa hiji poe Kasbo teh gogorowokan dina lawang panto. Sakapeung nyorowokna kawas penyanyi rock dangdut..
        “muari huajaar..., suanteeeeet...! tetet,  tolaleet..!
        muari kita basmiiii.... tukang teluuuh...! hoax..., hoaax!
        nipu cacah, bunuh cacaah....! Soak...soaaaaaakk....!”
       Teuing kumaha perasaaan nu gering teh. Teuing perbawa puas nyowarakeun laguna atawa bakat geringna parna bet Kasbo teh terus ngajoprak. Lir rocker nu lagrag tina panggung, ieu jajaka nu teu tamat kuliah di UPI jurusan sastra teh namru dina curugan imah.
      “Tulung, batuur...!” Ni Cicih ngagero soak. Tapi da teu hese bubuhan ti tadina ge polah Kasbo geus pada nangenkeun. Sanggeus dirampa masih rumenghap, terus nu gering teh dibawa ka tengah imah. Sakumaha biasa mun aya nu gering mahiwal kitu teh taya deui nu jadi pamuntangan utama iwal ti Jumahdi.
       Teuing geus aya nu ngiberan teuing kumaha, eta kasepuhan teh sasatna rikat norojol muru nu keur teu eling di bumi alam. Pribumi hideng nyantongkuen ciherang dina gelas, terus dijiad ku Jumahdi. Tapi can oge tamat ngecewis mapatkeun jampena, Kasbo ngorejat bari tutunjuk. Panona nu buringas langsung nyepak gelas nu keur dijampe ku Jumahdi. Cleng, praak..!
       “Rek nanahaon silaing kadieu, hah? Percumah ari ukur bisa ngahoak mah, mending mantog atawa mulang ka sodong Moronggong!” Kasbo nu panona hurung tur soarana ngadadak handaruan wuwuh matak ngahuru dada Jumahdi.   
       “Ati-ati ngabacot teh, celik. Atawa hayang diteruskeun modar sia teh?” Jumahdi nu teu kuat nahan gedur napsuna langsung rek ngarontok Kasbo . Tapi can oge gaprok saurang wanoja nontot na lawang panto.
       “Meunggeus, Jumahdi. Tong pedah geus kaboker kedok, wani mah hayu cuang galungan jeung di dieu!” pokna meupeus perhatian  nu aya di dinya. Memang lin ukur laga, naon nu bieu diucapkeun ku ieu semah teh sasatna jadi konci pikeun muka rusiah nu mangpuluh taun mungkus sagala laku nircana ieu kokolot. Satiap aya rajapati nu teu ilahar Jumahdi memang sok teu weleh jadi tokoh pangnyoncolangna.
       Haluan dadak sakala robah. Nu samemehna nanggeuh ka Jumahdi jadi ngaleok ka nyi randa. Teu cukup kitu, rasa simpati nu liwat saking teh ngawujud dina bancang pewuh. Haok jeung gorowok nu rongkah ngajadikeun getih leuwih busrat-basret di jero imahna Ni Cicih. Alatan eta Kasbo geus teu bisa ngacacang deui .(*)
          

Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll