Senin, 30 Januari 2017

Alatan Cikopi Nu Lian

Carpon Otang K.Baddy (Majalah Mangle No. 2611 Januari 2017)


Sagelas cikopi panas mayambah di jero dada, panasna karasa awet. Ciherang nu pacampur bubuk kopi geus mimiti nyalaksak na gero dada. Ciduh laas, kabur tina angen-angen buuk, ngalepak beungeut kuring nu garing. Soara anjeun geus ngagempur pangreungeu kenca-katuhu.
      “Kopi nanahaon nu kieu. Tadi ge pan titah nyieun kopi nu amis!?”
      “Gulana kari saeutik, Kang.”      
      “Naha atuh lain meuli wuri-wuri apal rek beak.”
      “Biasana akang sok resepna kopi pait,”
      “Nya eta mah bareto. Tapi pan ayeuna mah hayangna kopi nu amis. Dasar jikan atah adol!”
       Salaki kuring geus barubah. Gara-gara sagelas kopi geus poho cacarita. Ucapan anu amis tapi matak nyeri, nepika neureuy ciduh garing.
       Najan kitu kuring teu langsung ngajoprak. Sikep lir ciwahangan nu teu weleh tenang ngadadak barubah lir ombak sagara nu nembrag karang, wayahna rek dijieun pelajaran pikeun kumaula ka salaki. Pelajaran dina ngabarontakna. Sab bisa wae salaki kuring teh keur cape. Cape gawe rosa ti isuk nepi ka burit. Gawe jadi kuli bangunan lin gawe gampang. Komo ieu jadi laden, nu kudu siap diutuh etah. Lin ukur tanaga, tapi konsetrasi nu ulah goyah. Tanaga kakures, pikiran kaperes ku mangpirang parentah jeung gorowok.
       Kuring mulai ngarti situasi jeung kondisi. Nya aya kakuatan, kategaran mimiti ngaping dina pelajaran munggaran peuting ieu. Pangajaran nu samemehna teu kapanggih dina salila laki-rabi jeung inyana tilu taun kalarung.
      “Kopi nanahaon nu kieu patut?”
      “Da tos digulaan sacekapna, Kang. Tanapi kirang amis?’
      “Ari dinya pamajikan atawa awewe batur? Ngaladenan salaki sorangan we bet teu becus?
Puguh deuk ngaronda peuting ieu teh,  hayang ngopi pait!”
      “Oh pami kitu abi bade ngadamel deui.”
      “Meunggeus lah, rek meuli di warung bae.”
      Kuring geus mulai asa kapeupeuh.  Ngarasa teu bisa nyumponan kahayang salaki. Omonganana nu garihal tur rukap wuwuh matak meupeuh mamaras. Ngalemkeun mata jeung lautan lara. Kapeurih tina sagelas kopi nu matak barubah. Sagelas kopi nu lian terus ngalangkang dina kongkolak panon. Batin ieu jadi pameupeus keunyang kapusing. Karungsing tina akibat cape gawe.
       Sakedapan ngarahuh. Masalah nu matak rungsing jeung nyiksa ieu kudu terus dipeper. Sangkan tong kelebuh nimbulkeun bancang pakewuh. Ceuk kolot eta mah kudu dipireng bari milang rangki, nya kawilang cocog mun dilakukeun ku kuring. Sab imah kuring mah di jerona teu make lalangit.
       Nya kuring kudu teger. Koncina kuring kudu miara naon anu matak kuring resep atawa kabungbulengan ku manehna. Ku cara kitu rumahtangga nu geus paburantak ieu Insa Allah saeutik gedena bisa barobah. 
       Peuting ieu inyana teu sare di imah. Inyana tangtu bakal nepi nyubuh di pos ronda. Duka sare duka maen gapleh, teu pati masalah. Nu penting mah ngalaksanakeun kawajiban salaku warga, dina harti guyub sakumna warga di lembur kuring.
        **
       Tapi rangki di imah teu daek kabilang. Peteng akibat cikopi teu daek nyingray. Panon jeung ati teu daek sauyunan. Marojengja. Peureum mah peureum tapi hate mah marudah, pikiran amalayang , manjangkeun guligah. Najan kitu kuring tetep neneda ka nu kawasa, sing dipaparin kakuatan lahir sinareng batin. Kasebut salaki kuring, muga dijauhkeun tina bahla nu matak ngarungsingkeun hatena.    
     ***
       Nok, Nok buka panto, kadenge sora nu keketrok.
       “Sakedap, Kang!” cekeng tibuburanjat.
       “Muka panto wae mani keleked!”
       “Nembe nuju netepan tahajud.”
       “Kawas teu apal wae salaki katirisan di luar!”          
       “Hapunten abdi, Kang. Cikopi tos sayagi dina meja, Kang.”
       “Hampura-hampura naon, sasat pake lalab we basa hampura teh. Uing geus bosen ngadenge kecap eta. Geus seubeuh kopi mah, tadi geus beak tilu gelas. Teu ngeunah  kopi beunang maneh mah. Meunggeuslah, hayang pineuh yeuh, tunduh.”
       “Naha moal netepan subuh heula, Kang?”
       “Tunduhlah!”
       “Asa tos lami teu netepan subuh berjamaah sareng Akang.”
       “Disebutkeun tunduh, ngoceh wae!”
       “Nya wios atuh, ke tabuh lima digugahkeun,” cekeng teh.
       Teu nembal, bus we ka kamer. Paromana katangen kusut.
       Kuring teu hayang marengan. Sab rasa guligah teu daek we ingkah. Tapi sabada tahriman jeung pupujian reang di masjid hate mulai leah. Jadi inget sagala permasalahan, sok komo nu teu kahontal iwal ti disanggakeun  ka Gusti nu kagungan.
       Adzan subuh ngeleterkeun jantung kuring. Geter malahmandar teger, tong owah gingsir gedag kalinian. Nyeta kudu tegakna ngadegkeun tihang. Tihangna agama. Tihang nu teu karasa geus diraruntuhkeun ku laku maranehna nu ngagem agama, kaasup ku salaki kuring. Memang sabada inyana gawe jadi kuli bangunan, kawajiban nu lima waktu teh jadi katoler-toler. Alesanana cape, ripuh. Da cenah ari cape jeung ripuh mah rek kumaha husuna. Ditambah awak secara lahir ge kalotor. Nangen kitu kuring teu walakaya, ukur bisa mepelingan.
      “Kang, gugah tos subuh,” pok teh ati-ati.
      “Cicing Nok, tunduh keneh yeuh.!” cenah bari muringis.
      “Nu saleresna aya naon deuih Kang, kiwari ieu katinggalna kawilang rungsing. Bari tos wantun ngantunkeun kawajiban nu lima,” pok teh panasaran hayang panggih bibit buit nu sabenerna. Ngahaja nyarita teh ku basa nu rada lemes  ngarah nu wangkelang teh jadi leah alias teu ngemu wae amarah. Tapi kumaha hasilna?
       Kang Suhrodin naplek beungeut kuring. Sakali memang. Plek! Pernahna jam lima leuwih saparapat. Bada subuh.
       “Dasar awewe teu ngarti sia mah, Nok. Geus puguh salaki cape, ripuh nataku balas neangan kipayah hayoh dipaksa titah hudang, bari terus we da’wah,” cenah euy.
       “Yeuh Kang, abdi mah kitu sote balas nyaah ka akang, malar akang eling ka Allah. Carana nya ku ngadegkeun sholat nu lima waktu tea,” cekeng teh kalah kapancing nafsu. Atuk gampleng wae kuring teh ditampiling  deui. Malah sasatna dihantem mindo. Kuring hayang ngejat, tapi leungeun inyana nu rosa nyekel pageuh pigelang kuring. Kulit beungeut asa kebi. Biwir karasa jamontrot, huntu lalinu. Aya rasa hayang ngajerit nandakeun teu suka jeung kariripuhan,  tapi maksakeun ngupahan maneh. Sab teu hade masalah kieu apal tatangga atawa engkena matak ibur salelembur. Tangtu matak era parada. Sok komo mun nepi ka nyahoeun dulur-dulur kuring yen Kang Suhrodin teh kolu nyiksa kuring salaku pamajikana.
       Mungguhing hate awewe nu epes meer, kuring antukna ceurik gagauran. Tuda teu kuat. Ripuh jeung kaniaya. 
      “Nyeri Kang, nyeri..!” cekeng teh sasat nyorowok.
      “Sok sing tarik ngagorowokna, siksa ku dewek!” cenah bari terus nampilingan kuring. Pas karasa aya nu ngucur tina liang irung sateker kebek kuring ngejat bari pakupis. Najan mindeng katangkis, teu wudu leungeun Kang Suhrodin rarocet oge dikoetan kuring. Terus ngejat kaluar. Kuring diudag. Tapi bolay sab sarung Kang Suhrodin tikait dina kakael sosi panto samemeh saterusna ngudupruk labuh.
      Kuring teu sudi nyoreang, langsung muru Kang Karmo, laceuk kuring pituin nu kabeneran kapeto jadi RT. Imah ki lanceuk memang teu jauh ukur kaselang opat suhunan ka beh kenca nu sarua pernahna sisi gang. Maksudna rek pakumaha atawa menta bongbolongan  ngeunaan kajadian nu anyar tuniba di rumahtangga kuring.
       “Kang, tulungan abdi,” cekeng teh satengah ngagabrug ki lanceuk di lawang panto.
       “Aduh...Nok, memangna aya naon mani boborot kieu. Tikusruk maneh teh?” Kang Karmo ngaleupaskeun rangkulan kuring nu masih sesegruk.
       Disiksa ku Kang Suhrodin, pok teh saengangna.
       “Baruk, disiksa ku salaki maneh?”
       Kuring ungek kawas budak beureum.
       “Kurang ajar tah si Suhrodin. Beu, nu kieu mah geus kaasup KDRT, wajib dilaporkeun ka pulisi tah si bangkar warah atah adol teh, tuman!” Kang Karmo katangen kekerot nandakeun amarah nu teu kaampeuh.
       Kuring teu bisa magar kumaha basa nangen Kang Karmo langsung ngejat bari nagagidig muru imah kuring. Teuing naon nu deuk dilakukeunana, atawa bener kitu rek nyerahkeun  Kang Suhrodin ka kantor pulisi?
       Dina kaayaan nu masih tagiwur jeung ripuh alatan cikopi nu lian estu beuki nambah tagiwur. Malah sasatna bumi alam asa poek mongkleng. Utamana basa ngadenge hawar-hawar yen Kang Suhrodin teh cenah tos taya dikieuna. Inyana nyangsaya dina kayaan sarungna nu masih tikait dina kakael sosi panto.(*)
                                                                   (riwan pakidulan ahir tahun 2016)


Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll