Selasa, 24 Januari 2017

Lalaki Bir



    
Carpon Otang K.Baddy ( Majalah Mangle No.2567/ 3-9 Maret 2016) 

      Meja nomor 16, di jero kafe. Ruslan halon ngalengak bir nu dipesen ti saurang pelayan 10 menit samemehna. Geus dua gelas cai inuman eta ngaliwatan tikorona. Tapi manehna  katangen guligah, masalahna nu keur didago teh teu wae we hol.  Najan kitu teuteupna buringas, mencrong lawang panto.

    Diluar wangunan, Ros markirkeun mobilna sisi jalan. Terus ngagidig bangun nu rusuh. Katangen make setelan blus warna bodas nyipet tuur, mungkus kulitna nu kawilang mulus, satekerkebek nutupkeun pato kafe. Langsung nyampeurkeun  Ruslan.
    “Dasar,” pokna rada centil hareupeun lalaki nu ngarasa rungsing ti tadi. Ruslan ngarenghap, batinna rasa puas, sab awewe nu ditungu teh kiwari geus nampeu hareupeun.
     “Kumaha atuh nya ,  pan kuring mah geus boga salaki. Jadi teu mustahil bisa ngamuk atawa  kolu ngabunuh mun inyana apaleun kalakuan urang kieu,” cek Ros minangka  ngaleupaskeun bangbaluh hatena. Terus nyeungeut roko nu dikaluarkeun tina kantongna.
     Ruslan teu lemek najan sakemek, anggur ngasongkeun sagelas bir ka Ros. Langsung ditengak.
     Di luar langit kulawu maju malih warni. Pasosore maju lekasan tur rek baganti kana peuting. Tapi, ibarat hiji bahasan atawa gempungan nu ngajaha dianco baris aya kasimpulan, hasilna lapur alias ngabuntut bangkong. Nangen kitu, saurang palayan tangginas ngasongkeun sabotol bir deui, nepika maranehna kelebuh dina asuhan nu ngarana cinta.
      **
     “Naha urang teh keur salingkuh?” omong Ros bangun ngalindur.  Ruslan
 neuteup.  Ros nyaritana alon teu walakaya. Terus seuri.  Ruslann dengdek bari meletetkeun panonna. Hayang negaskeun ucapan awewe hareupeunana. Terus manehna ge milu seuri.
      “Dua insan nu saling pikadeudeuh, naha bisa disebut salingkuh? Asana eta teh pikiran nu kaliru, euy.”
      “Ari geus kumaha salaki kuring?”
      Ruslan ngahuleng.
      “Oh, eta mah geus katalikung dina kaulinan urang salila ieu.”
      Maranehnya nyakakak.  Teu ieuh nolih panangeun anu araya di sabudeureun ruangan kafe.
     
    **
     Isuk-isuk Ruslan ukur diuk ngaheneng di rohang tempat dahar imahna. Dahareun nu ngabarak dina meja teu ieuh matak kabita najan beuteungna masih kosong. Rohangan imah karasa tegang perbawa hatena asa keur perang. Indungna ti tatadi katangen guligah. Ruslan ukur bisa nginum ciherang saregot.
      “Ema mah teu maksa ujang kudu rusuh nikah, najan nurutkeun umur  mah pantes  mun geus lakirabi teh. Tapi lin berarti milih awewe nu geus boga salaki,” omong indungna semu haroshos. Terus menerkeun tiungna nu rek ngolosod. Ruslan  mugem, sab inyana geus leuwih ti cukup ngadenge ucapan indungna jauh ti sapada inyana tepung jeung awewe nu geus jadi puputon atina.  Ari geus kudu ka awewe nu mana deui, Ruslan batinna ngajerit.
      Antara anak jeung indung silih teuteup. Teuteup nu papada hurung ngemu amarah.
      “Paling henteu jeung Siti budakna dokter gigi tea. Manehna budak bageur, someah, handap asor ka sasama, bari jeung masih parawan.” omong indungna tandes.
       “Ah ari Ema, pan apal indung bapana ge teu panuju kana hubungan abi jeung Siti. Keur naon dipermasalahkeun deui, nyiar-nyiar pimadarateun jeung bancang pakewuh,” cek Markon mela diri. Inyana teu sudi kasedek.
  **
     Geus saminggu ieu Ruslan guligah. Omongan indungna ibarat malakal maot nu salila ieu teu weleh ngukuntit.  Tuda geus kapalang masket ka Ros, awewe nu geus wanoh ti jaman kuliah.
      Ruslan meubeutkeun satengah awakna di meja bar. Leungeun katuhuna teu lesot tina gelas bir nu eusina ampir beak.  Paneuteupna teu lepas tina gelas bir eta, teuing naon nu pencrongna. Markon geus nyidem kasusah nu rohaka kawas puluhan botol bir nu hayang diancurkeunana.
     “Naha masih keneh mikiran ucapan indung?” tanya Ros, anu kakara datang bari terus diuk di gigireunana. Katangeun nyantey,  teu rurusahan kawas samemehna.
      “Kuring hayang boga turunan ti anjeun. Rosita,”  omong Ruslan ujug-ujug. Tarang Ros ngariut, kawas teu percaya kana naon nu diucapkeun ku Ruslan bieu.       “Ceuk pangrasa hirup urang duaan teh bakal bagja,” masih cek Ruslan.  Ros gogodeg.  Awakna karasa ngegeter. Rek boga turunan kumaha, pan inyana duaan teh lin salaki-pamajikan?
      “Asa pamohalan, Ruslan. Kuring geus boga salaki, kitu deui pan urangna ge lain salaki pamajikan,” Ros nolak jeung ngarasa cangcaya. Paromana ngadadak pias.
      “Tong lieur atuh, jeung sing rumasa pan urang duaan teh sok mindeng ngalakukeun nu kitu, ner teu?”
      Ros ngahuleng. Naon nu ucapkeun ku Ruslan memang teu bisa disinglar. Mangpirang waktu rineh geus mere kalonggaran maranehna pikeun ngalakukeun gawe teu uni. Tapi lin hiji alesan mutlak pikeun nedunan kahayang Ruslan. Ros teu weleh ngusahakeun sangkan binih ti lalaki ieu tong nepika ngajadi di rahimna. Manehna teu hayang nipu ka salakina, lamun nepika kudu ngandung anakna  Ruslan. Ros masih hayang ngajaga kahormatan rumahtanggana nu geus lumangsung dua taun. Paling henteu ulah kabina-bina teuing, sab ku nu enggeus oge geus kaasup dosa nu kawilang rongkah.
      “Dangetan ieu kawasna kuring kudu cepet mulang. Aya hadena eta pamadegan teh dipikiran asak-asak. Hampura kuring can bisa nyaluyuan.”  Ros ngajengkat sangeunahna, dina harti tanpa ucapan asih sakumaha biasa dilakukeun samemehna ari deuk pisahan.
      ***
      Sapeuting  Ruslan teu mulang ka imahna. Anggur ngagoler hareupeun kafe. Isukna, isuk-isuk karek mulang dina kaayaan rupa marungkawut. Katangeun indungna bangkenu awahing geus soak.
    “Geus we Ema mah tong make mikir nu lain-lain.”
     “Rek teu mikir kumaha kolot mah salagi ujang masih keneh masket jeung awewe  eta.”
      Markon ngahuleng.
      “Ros mah da bener, bari jeung bageur deuih,”  omong Ruslan tetep kabengbat.
      “Bener?” indungna mencrong, “Bener kumaha , mun enya ge bener moal daek salingkuh jeung tangtu bakal ngajaga kahormatan diri katut salakina.”
      “Ari tos kudu ka saha deui, sedengkeun abdi geus kapalang kaceot ka anjeuna,” Markon wangkelang.
      Indungna teu nembal. Hatena  bati heneg mireng pamadengan anakna nu kawilang papalingpang tur matak ngerakeun. Tuda rek teu kitu kumaha, sajaba can boga gawe teh kabehdieunakeun mindeng mabok. Ditambah bet masket jeung awewe  batur. Rek teu jadi pikir kumaha, sagala bangbaluh diweuweuykeun ka sorangan. Da cacak mun aya keneh Darmi –salakina nu pangsiunan tentara, meureun  aya batur keur pakumaha. Hanjakalna inyana geus ti heula mulang ka kalanggengan.
**
       Sapeupeuting hujan taya raatna. Ros guligah teu bisa sare. Diteuteupna lalaki nu ngagoler gigireunana, bangun tibra.
       Isukna Ros ka rumahsakit, bareng jeung Rukmin, salakina. Inyana deuk nyokot sampel kasehatanana. Geus ampir dua bulan  Ros telat bulan. Nangen kitu Rukmin jadi surak. Hasil nu dianti-anti salila dua tahun teh kiwari geus dikobul. Ros ngandeg,  rumahtangga tangtu bakal leuwih bagja. Alhamdulillah, batin Rukmin ngarasa bengras.
      Beda jeung Rukmin nu ngarasa bungah, Ros malah sabalikna. Boro ka bisa surak, nu aya malah hatena asa pasiksak.  Ros ngarasa waswas, ku saha dirina bisa ngandeg, Rukmin salakina atawa binih ti Ruslan kabogoh salingkuhna?
      Kalayan bari susulumputan Ros gowat nelpon  Ruslan,  sakabeh kajadian ngeunaan dirina langsung didadarkeun.
      “Ari heg rek kumaha deui,”  Ruslan kalah sura-seuri.
      “Moal anak saha deui, sab salila ieu nu mindeng sare bareng salian salaki kuring taya deui iwal anjeun.”
      “Terus?”
      “Kudu digugurkeun.”
      “Laku teu hade. Tambah dosa jeung siksa nu kitu mah.”
      “Ari heg kudu kumaha geus kieu?” Ros sabalikna kalah malik nanya.
      “Keun wae si utun mah sina lahir dina kanyaah rumahtangga anjeun.”
      “Enya, tapi kuring  teu bisa bohong ka salaki.”
      Tut..tut..
      ***
      Hiji awewe tengah tuwuh di rohang tamu katangen someah ngabageankeun semah. Meusmeus ngalieuk ka hareupeun imah, sugan nu didago teh mecenghul
bari rek disampakeun kabungah.
      “Jang, engal mulang. Aya nu geulis nunggu, pasti ujang resep geura.”  Indung Ruslan nyoba ngirimkeun SMS. Nu disebut geulis teh memang bener awewe geulis, handap asor. Make cidung nu payus, malum anyar kaluar di fakultas agama.
      Tapi Ruslan teu paduli kana panggilan indungna. Bororaah kaceot, nu aya baringung jeung bureng. Masalahna kumaha sangkan Ros tong nepi ka tega nagugurkeun kandungan tina hasil hubungan jeung dirina.
     Ruslan teu sudi kudu mulang, Malah nepi ka manggih peuting deui. Bongan sagala kahayangna asa diwatesan, jeung kunaon sakabeh kabungah asa dibegal? Tengah peuting Ruslan ngojengkang ninggalkeun kafe.
     Manehnya leumpang mapay trotoar.
     Tapi teu burung ngarenjag oge dirina basa di tengah jalan nangen babayi ceurik mani ngear. Babayi saha? Saha nu tega miceun orok di tempat nu bahaya kieu?
     Teu nolih kandaraan nu tingsuliwer, Ruslan gancang muru ka tengah jalan.
     Hujan nu ngadadak turun geus moekan sagalana. Kaayaan ngadadak bau hanyir, tandaning getih nu pagalo jeung cileuncang ngalir taya nu mirosea. Sedeng mangpirang kandaraan anger pasuliwer taya kendatna . (*)
                                                                     (pangandaran, november  2015)
                                 

Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll