Jumat, 27 Januari 2017

Sora Batuk Kajajaden

 Carpon Otang K.Baddy (SKM Galura, Minggu III Desember 2016)

     
       Najan  rumasa boloho, Kasji teu sieun mun saupama hirup kudu gelut papuket atawa durder perang. Sok komo pikeun ngabela bebeneran. Cadu mungkuk kudu mundur, cenah. Kitu deui salaku hirup nu ngandelkeun ladang tatanen ti leuweung, samodel melak pare-jagong di huma katut pakaya sapuratina, teu ieuh kumeok pikeun nyegah serangan hamana. Utamana hama urang leuweung samodel bagong, cek paribasana najan jumlahna leuwih sawidak siap rek dilawan. Nya dilawan ku tarekah, samodel pakaya ku cara dibenteng, dipager, di jaregjeg ku mangpirang talajak nu kuat. Mun embung kitu ku cara diparigpug batu ti saung ranggon.
    
       Mangka salila ieu manehna mideng mondok di kebon atawa huma, saeutik ge teu ngarasa gimir. Sok komo da saungna diranggonkeun, jadi mun saupama bagong nyerang teh moal kahontal dan saungna jangkung. Tapi lain deui caritana, inyata tangtu bakal soak tur nahnay mun kudu pinanggih jeung nu ngarana maung. Memang  saha nu teu seber ka si raja leuweung ieu. Malah pikeun manehna mah ku ngadenge nu nyebut ngaran maung wungkul  ge sok langsung ngeleper. Komo lamun ditambah ku kecap 'kajajaden', misalna maung kajajaden.
       “ Paralun teuing nu kitu mah, jauhkeun.., lur!” cenah bari ngabirigidig nirisan. Kituna teh basa harita manehna meunang beja ti Karsudin, tatanggta humana nu sok bareng ngendong nungguan pelak pare jeung jagong. Tutunggu bari ngendong di saungna masing-masing. ngan pedah humana sapiheuleuran. Kitu deui saung maranehna duaan teu pati anggang nataku, paling kaselang ku 20 meteran. Jadi mun saurangna batuk atawa hitut boson teh masih keneh kadenge. Ngahaja paya mun aya nanaon teh moal gogorowokan sateker kebek teuing. Cukup ku “Sia geus molor hah, Ji?” atawa “Din, ari ilaing ngalebokan kulub jagong balo naon, bet bujur teh ngadangdut wae?” kitu meureun bahasa sompralna.
      Harita basa poe jumaah pasosore leumpang di jalan satapak muru huma Karsudin medar lalakon. Ngawadul bari maksud ngadoja ka Kasji. Maranehna duaan ti saprak usum ngaseuk nepi ka gede pare, sok ampir unggal peuting tutunggu. Iwal ti Malem Jumaah, peuting eta mah ngahaja dilarung. Nya sajaba minangka ngasona tukang tani, itung-itung nepungkeun kasono we ka urang lembur nu ampir saminggu ieu teu panggih.  Saterusna mah ngarah betah tur tumaninah geusan berjamaah solat jum'ah. Nya jumaah pasosorena siap deui berangkat. Kitu saban mingguna.
       “Nya malem eta tea Ji, uing papanggihan teh,” cek Karsudin. “Di sisian benteng palebah huma silaing bet aya sora nu batuk.''
       “Lah nu bener ngomong teh?” ceuk Kasji kawas nu seber. Bulu pundukna karasa muringkak.
       “Lin nyingsieuna ka nu borangan, ieu mah ukur ngabejakeun papanggihan,” ceuk Karsudin kawas nu tandes.
       “Meunggeus lah, tong ngawadul jeung uing mah!” Kasji bangun cua. Tapi tetep hatena mah gimir, sok sieun dina nyatana. Boa-boa enya nu batuk kitu mah sabangsa maung. Maung mamalihan alias maung kajajaden. Lain maung sabrongbrong. Enya kawas ceuk dongeng kolot, jaman baheula mah cenah teu saeutik nu ngulik kadugalan ku cara ngelmu maung. Teuing naon jeung kumaha maksudna, ngan cenah nu kitu ari paehna teu sampurna. Dina harti teu suci, sab jiwa-raga waktu hirupna geus mangabdi ka maung. Teu migusti ka Allah, migustina ka salian ti Allah. Nya alatan eta cenah jadi sasar lampah, maotna jadi maung. Kasji percaya kana dongeng soal eta. Boa-boa naon nu geus dicaritakeun ku Karsudin lin saukur nyingsieun dirina. Sora nu batuk peuting kamarina boa-boa enya siluman maung?
       “Ari eta sora nu batuk teh kadengena jelas pisan, teu? Uing mah curiga bisi ukur dedengean wungkul ilaing mah,” Kasji panasaran nalek.
       “Tarik pisan mah henteu ngan jelas kadengena. Hawa ti peuting tea atuh, hitut maesan ge pan bisa bentes. Sok komo soara nu bijilna ti bangsa nu kitu, pan perbawana ge geueuman,” cek Karsudin ngajentrekeun. Padahal sabenerna Karsudin teh wadul, yen basa peuting eta teu ngadenge sora batuk di sisian huma. Ngadenge sote Karsudin mah sora bujurna nu elat muruput kawas knalpot. Enya basa peuting harita tea, pan inyana humaregung bari totorogong dina benteng di sisian huma. Nyeri beuteung jeung muncrut, teu aneh pikeun dirina sab mindeng teuing dahar beuleum jagong atah beuleum alias balo. Jadi taya pakaitna jeung sora batuk nu nu teu jauh ti saung ranggon Kasji. Malah jajauheun saupama dikaitkeun jeung sabangsa maung siluman atawa kakajaden sakumaha nu dipikahariwang ku Kasji. Najan kitu anger we Karsudin sok resep ngaheureuyan baturna nu kaitung borangan ieu.
       “Ngan pedah sora ti bangsa nu kitu mah sok tibalik jeung umum. Alias teu sakumaha ilaharna. Pan nu kitu mah sabangsa lelembut, mun sadana tarik perbawa jauh jirimna. Sabalikna mun soarana maesan eta teh tandana deukeut. Malah teu mustahil dina sekedet netra sok nembongkeun wujudna.”
       “Lah meunggeus tong nyingsieuna uing. Ayeuna mah mending cuang ngangsu heula, lah!” Kasji naplok tongggong Karsudin nu harita leumpang patutur-tutur bari nyolendang lodong kosong.
        Memang unggal tas balik ti lembur arinyana teh sok marawa lodong. Disolendang siga tukang nyadap kawung. Kitu peta teh pikeun nyumponan pangabutuh cai di huma, boh keur pangabutuh kalab-kulub, cai pikeun wudu atawa sabangsa kukumbah. Alatan ti lembur mah jauh teuing, arinyana sok muru nyampeur ngangsu di jajalaneun ka huma. Da memang dina nyatana sumur-sumur atawa ciburial sok rea keneh di leuweung. Utama di daerah wewengkon pileuweungan nu kiwari diantara disambut ku Karsudin jeung Kasji.
       Anjog ka huma Karsudin jeung Kasji teh harita ampir magrib. Huma Karsudin jeung saungna kaitung sajogna ti jalan, sedeng huma Kasji maju saeutik ka beh kidulna. Karsudin mah saungna teu diranggonkeun, keur nanaonan cenah kawas rek tungu dukuh wae.
       “Uingah nyieun saung ranggon sote bisi aya banjir atawa atawa caag dadakan, Din. Lin nanaon deui,” cek Kasji gahol. Karsudin ukur keom, sabab apal yen baturna nu ieu teh kasebut boga sasalak dina punduk alias borangan. Najan kitu, salaku nu geus hirup kumuh mangpirang taun, boh salaku tatangga di lembur atawa tatangga huma, Karsudin ngarasa reugreug ku ayana Kasji. Saeutik gedena asa kahibur, utamana ku masalah gahol jeung soal beuranganana.
       **
       Sakira jam sawelas peuting. Caang bulan reyem-reyem. Sabada ngeurihkeun cai tina lodong kana tanegan, Karsudin kaluar ti saungna. Kadenge ku inyana Kasji bangun can sare, sakapeung batuk bari hahhuh jeung traktrak-troktrok.
       Bari nyolendang lodong kosong, Karsudin leumpang rerencepan ka sisian benteng deukeut huma Kasji. Bari ngatur napas terus nonggeng kana lodong kosong.
       “Kong...koaaaak...! Kong...koaaaak...! Ngok...ngoook...!”
       Tas kitu terus Karsudin rikat ka saungna. Satengah meubeutkeun awakna kana salu. Najan kulit beuteungna karasa nyeri jeung getek, manehna api-api kerek nyegrek.
       “Din...Diin....!” Kasji gegeroan kawas nu soak. Karsudin teu hayang nembal.
       “Din, sia tibra hah? Uing menta pahpir...!”
       Karsudin ngetek. Sasatna saung teh eundeur ku perbawa seuri nu ditahan. Sok komo saenggeus katangeun tina ranggon aya nu luncat, terus lumpat tipaparaduk bari obor-oboran.
        “Din..., pahpir.., Diin...!” (*).

                                          (Dongeng urang kidul, Sept 2016)

Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll