Senin, 30 Januari 2017

Kila-Kila Sada Manuk



 Carpon Otang K.Baddy (Majalah Sunda Midang, Edisi 25 Januari  2017)

       Lin nanaon, kuring mah datang ka sisi walungan teh sejak nguseup. Jadi taya maksud lian ti nguseup.  Sumawona ngahaja nyumput atawa ngimpleng pikeun nandasa batur. Teu pisan-pisan, jauh tanah ka langit. Bororaah mikiran nu karitu. Cenah eta pedah ngajugur ti tas magrib peuntaseun imah Kang Soleh, da taya maksud rek papaling .
      
         ‘Kok..koaak..! Kok...koaaak…!’ sada manuk kawas gagak kadenge deui. Geus aya tilu kalina ngelak. Pas dina tangkal bungur luhureun kuring. Sakapeung hiber meuntas walungan, terus kukurilingan luhureun imahna Kang  Soleh, samemeh saterusna eunteup deui dina tangkal bungur luhureun panguseupan kuring. Kitu jeung kitu wae ti bada magrib.
         ***                                                                              
        Sagala hal bisa wae barubah tanpa kajudi ti anggalna. Kaasup pola pikir, tapak lacak kahirupan manusa nu teu weleh owah gingsir.  Nya kaasup lalakon hirupna Kang Soleh, lanceuk kuring. Teuing kunaon pola pikir katut jalan hirupna sasat teu pati nyugemakeun, hususna pikeun  Bapa, umumna mah pikeun warga Kampung Dukuh, kampung kampung Soleh samemehna.
        “Ku antengna nyiar elmu di pasantren, muga Jang Soleh bisa neruskeun tapak lacak kaagamaan di lembur Dukuh nu salila ieu komarana meh pareum.” Kitu diantara urang lembur Dukuh harita. Karuhan we salaku dulurna, sajaba ti Bapa kuring ge harita ngarasa reueus. Bakal boga dulur nu  baris neruskeun hurip-hirup nu nyingkem jeung papagon agama.
        “Nu paling hariwang kiwari di Kampung Dukuh, sajaba beuki langkana imam masjid oge masalah  nu mimpin tahlil geus meh tumpur,” omong Wa Duleh –salaku imam masjid nu pangdeukeutna jeung imah Bapa. Karempan inyana  --nu teu weleh tiktikbrek gering wae,  ngadadak kaubaran ku ayana iber Kang Soleh daek ngalap elmu di pasantren. Harepan liana, ku ayana ki lanceuk nimba elmu di pasantren nu kasohor, saeutik gedena barudak di lembur bisa kaasuh. Lain sih nepi ka daek ngaji subuh, dalah ku daek maca qur’an atawa deba bada magrib ge geus kaitung cukup we daripada lapur mah. Tibatan bada magrib tingsalembrang di buruan atawa anteng ngolorek Hp mah.
       Tapi hanjakal nu dianti-anti saban wanci, nu didago ti bareto teh bet kurang  nyombo.
       Sabada mulang ti pasantren teh Kang Soleh langsung mideudeuh Rosita pikeun jadi batur hirupna. Memang mimitina mah daek dipetakeun, malah sasatna kadus Jumadro ge milu ngistrenan ku cara pidato di muka umum. Yen Kang Soleh teh sasat resmi jadi ajengan anom, nu baris nuntun dina jalan kahirupan nu caang tur lempeng. Ki lanceuk dititipan barudak malar diwurukan, boh diajar maca qur’an atawa kitab safinah. Sakapeung diwuruk maca deba atawa perkara perbatalan wudu jeung rukun-rukun dina solat atawa lianna.
     Ku reueusna Bapa, samemeh dua bulan Ki lanceuk mulang teh ngahaja dipanyieunkeun imah. Memang teu agreng, tapi ruangan husus ngahaja diancokeun keur barudak ngaraji, utamana pikeun barudak awewe. Husus nu ieu tangtu nu ngawurukna nya Aceuk Rosita, nu kungsi ngalaman masantren tilu bulan jeung Kang Soleh.  Najan kitu, boh masyarakat Dukuh umumna atawa Bapa hususna ngarasa sugema.
      Tapi nyatana kasugemaan eta ukur sageprakan. Teu kungsi sataun Kang Soleh kawas nu angkat tangan. Alesanana teu sanggup ngurus barudak teh. Najan sababaraha kali dilelemu malar daek, anger mugem. Alesan sejenna nu kawilang adab basana teh elmu nu dipiboga ku dirinya teu acan manjing pikeun neruskeun tapak lacak pupuhu kaagamaan samemehna. Tapi tangtu eta mah ukur alesan neangan posisi aman. Nu kairong ku kuring mah yen Rosita nu jadi pamajikanana teu weleh aral subaha. Kurang kasabaran. Basana ngurus barudak nu buruhna ngandelkeun karidoan dewan kaluarga masjid kurang ngajamin. Sok komo basa harita inyana geus dibere boga budak.
                       ***
       Kang Soleh marudah. Inyana dudak-dadak ngababad dapuran awi jeung rungkun kopo nu caneom nu aya di sisi walungan Torongtong. Taneuh nu manjang nyisi jalan jeung nyisi walungan, anu bisa oge disebutna harim, memang bogana Kartobi. Nyeta bapana Rosita nu kungsi keok basa nyalon DPR di kabupaten. Kang Soleh teu mirosea mangpirang beja yen di eta tempat teh tegal jurig alias sanget.
       “Ah, eta mah dongeng nu sarua jeung ngagungkeun setan!”  tandes Kang Soleh, samemeh terusna ngabangun imah dua tingkat. Sihoreng dimodalan Kartobi, bapana Rosita tea. Terus Kang Soleh muka bengkel motor katut onderdilna. Pagawena dua urang, kaitung tiluan jeung inyana bari laladen ngarangkep kasir.
       Sabada Kang Soleh pindah imah ka sisi walungan minareup jalan gede, imah nu asal mah dikontrakeun ku Bapa. Lumayan cenah pikeun tambah-tambaheun kabutuh samemeh kuring laki rabi. Ngadenge kecap laki rabi, hate teh sok guligah we. Sabab sajaba can boga calon teh kuring mah teu boga gawe. Sabada kaluar SMA teu daek ningkatkeun pendidikan jiga batur. Baringung lah, asa teu kairong gampang jadi PNS atawa gawe di swasta. Angur teh kalah resep nguseup. Nya samodel nguseup nu dilakukeun ku kuring ayeuna di walungan Tarongtong, nyeta peuntaseun imah kang Soleh tea.
       **
       Kakak, koaaak...! Kakak.., koaaak...!
       Bulan sapasi geus sajam tilem ka tebeh kulon. Munasabah mun kaayaan teh meredong.  Gagak nu cenah buluna hideung meles, kana tangtu moal katara jinisna teh. Ngan antra kadenge, sora gagak teh ti tas magrib teu weleh ngelak wae. Estu kawas nembongkeun kila-kila goreng. Rek aya naon kitu, hate teh tumanya.
       Bari cinutrung handapeun tangkal bungur. Leungeun teu esot tina jeujeur. Kuring  tetep mikiran sada manuk kawas gagak tea. Moal boa kitu  eta teh meureun minangka lelembut atawa jurig nu tempatna kajorag ku Kang Soleh. Sab cek batur ge sabada ki lanceuk ngabangun di dinya sora nu nyikikik teh geus teu kadenge. Nu sok kadenge teh  nya sora manuk nu sok ‘kuak koak’ tea.
       Jam sabelas peuting. Di peuntaseun walungan katangeun aya mobil eureun, pas hareupeun imahna Kang Soleh.
       ‘Kok, kok..koaaaakkkk…!’  Kok, kok…, koaaaaakkkk…!’ ujug-ujug sada manuk teh kukurilingan luhureun imahna Kang Soleh. Teu lila kasawang jirimna hiber ti peuntas ka tangkal bungur luhureun  kuring bari terus sada kuak koak.  Barang jep jempe,  awak ngadadak muriding. Sok komo basa ngadenge sora bedil darderdor ngepung imahna Kang Soleh.
       Gejebuuurrr…!, ti luhur imahna aya nu ngajleng ka walungan bari terus ngojay seja meuntas ka palebah kuring.
       Di antara sora tembakan nu norogtog, kuring hayang ngagorowok ka Kang Soleh. Atawa wakca balaka ka maranehna. Kunaon kuring bet disamarutkeun? Padahal teu pisan-pisan boga niat nandasa batur. Sok komo lamun jadi teroris mah, jajauheun pisan. Cicing di dinya sote ukur keur nguseup.
      Tapi reaksi pelor nu terus nyalaksak sakujur awak, ngalantaranekun kuring jadi teu walakaya. (*)
                                                                                         
                                                                                      (Cijulang, Februari 2016)

Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll