Rabu, 10 Februari 2016

Parebut Beuleum Jagong

Mangsa Lawas, ku Otang K.Baddy

Lin parebut kueh atawa congcot, komo parebut duit mah jajauheun. Ieu mah teu pira ukur beuleum jagong. Teu aneh teu sing. Tapi da harita mah matak ear, tur matak guyur salelembur. Rek teu kitu kumaha tuda, harita mah can aya kueh atawa sukro, paling mun aya ge kacang jimluk. Kitu deui mun dipakaitkuen jeung congcot --sangu di bucu aseupan-- harita mah aya ge kurang normal, sabab nu sakuduna congcot teh beas marus harita mah nu aya teh paling congcot tina pare gaga. Leuheung mun
murni gagana, tapi pan ukur tingkaretip kabulen sangu jagong. Lin ngahinakeun, alus keneh sangu jagong tinimbang beas kiwari nu bodas ngeplak teuing mah. Nuang sangu jagong mah arang katarajang kasakit emah (mag).
.
Jagong nu dicaritakeun di dieu mah lin jagong ngora, tapi estu jagong nu kiring ngencring. Dibeuleum diheang-heang sing kawas hulu jangkrik kidang. Karasa rangu jeung seungit, sok komo dina peujit kaayaan lapar kawas harita.
.
Duka taun sabara, barudak awewe teh bada isa galoncret di pangajian. Galocret bari mopoek memang geus biasa di pamondokan awewe mah. Sok komo mun diluar aya sabubuhan nu noong tina liang bilik. Mun teu salah harita pamondokan barudak ngaji awewe teh di imah Wa Sup'ah. Sihoreng galoncret bari tingjarerit teh keur pasaboro beuleum jagong nu diawurkeun tina kakalong imah, ku sabab teu make lalangit mun diawurkeun teh langsung maratak ka handap, pas ka tempat marondok barudak awewe. Awewe nu masih olo leho katut parawan jekekan nu gareulis najan kuramasna masih make cangkang jengkol.
.. Wur...paratak...Wuuurrrr...paratak. Atuh di jero imah panggung teh tinggalebrug, puguh we Wa ajengan ngahulag laklak dasar. Nangen Wa Ajengan ngambek, di jero imah teh ngadadak jarempe lir gaang katincak. Tapi teu wudu aya oge nu tingcikikik bari ditahan.
.
Mireng nu bangun haripet ku beuleum jagong, saurang lalaki ngaharewos tina bilik copong. "ayeuna mah moal diawurkeun ka luhur, tapi cukup ti dieu we," cek eta lalaki ti luar bari ngasup-asupkeunrengse jagong beunang meuleum tea, Atuh di jero teh pakupis, tinggedebug bangun silih tubruk. Sanggeus jangong beak kari jangelna, eta lalaki nu teuing saha jinisna teh make rajin ngasupkeun bobogaanana, bari pok: "Yeuh deui ari bareuki mah," harewosna. Atuh koceak di jero teh tingjarerit, magar teh aya oray asup tina liang bilik. Cek Nyi Sutirah kacabak huluna lemes, cenah.
31 Desember 2015 pukul 1:13BARAYA ENDRASMARA
Anda, Yus Rusmanasudia dan 5 lainnya menyukai ini.

Atang Gunawan

Ha ha...di Jamanis sanes eta Kang ?
Batal Suka1BalasLaporkan31 Desember 2015

Otang K Baddy

Sanes. Ieu mah palih kidulna...hehe..
SukaBalasSunting31 Desember 2015

Ki Endrasmara

Ki atang, kang otang, jd inget kn dongeng tutup radio transistor jaman bhl. Geuning aya liang buleudan.
Batal Suka1BalasLaporkan31 Desember 2015

Otang K Baddy

enya nu tina triplex geuning..hehe
SukaBalasSunting31 Desember 2015

Ki Endrasmara

Dasar brdk kr mmjhna lenger. Ngndong di hj imah. Sbt nu bg imah nyaba, der pilignti ngasupkn bbgaan kana liang tutup radio tea. Ari nu panungtungn, teuing kmh da manukna hirup, ath jd sereg. Kbrengan nu bg imah datang. Ath kpaksa we tutup radio teh didudut disakalikeun.
Batal Suka1BalasLaporkan1 Januari

Otang K Baddy

Haha....! Karitu puguh ari geus nyoo lingliangan teh..
DisuntingSukaBalasSunting1 Januari

Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll