Eta lalaki duaan teh tukang jengkol. Datang ka lembur kuring (Cijulang) seja ngaborongan jengkol. Harita maranehna memeh magrib anteng mesekan jengkol wetaneun imah kuring, pas di bubulak sisi jalan satapak nu brasna ka pajaratan.
Ku sabab kapoekan arinyana milu ngendong di imah kuring (imah indung-bapa kuring). Ngarana nu saurang mang Juha (rada kolot) nu saurang deui Sumaryo. Mang Juha jeung Mang Sumaryo. Urang Rajadesa cenah. Uplek ngadongeng bari mesekan jengkol di tepas, ti mimiti lalampahan burang-borong nepi ngajak nganjang ka lemburna.
.
Ngadenge kuring rek ngilu diajak nyaba teh sasatna surak sab rek tumpak kareta. Kareta Cijulang-Banjar maksudna mah. Harita kehirupan bapa jeung ema bisa disebut jugala. Rek piknik nyaba ka lembur tukang jengkol teh Ema mekel 4000, sedeng Bapa mah 6000. Estu jaman harita nyaba , mawa duit sakitu teh kaitung leuwih ti normal. Sabab harita dahar jeung daging di warung teh beunang ku pangaji 25 perak.
.
"Tooooot....Toooooottt.......!" waktu janari kareta Cijulang-Banjar rek miang. Hampura lin waktu nu ieu, tapi ieu mah itung-itung ngaguar mangsa lawas. Kojat harita, urang lembur kuring can wani ngejo atawa mirun seuneu mun can sada kareta. Jadi kasimpuilanana sada kareta geus jadi patokan pikeun ngawakilan kecap janari.
Kareta api jurusan Banjar-Cijulang waktu ngaliwat di sasak Cikacepit di taun 1970-an
....
Harita hudang teh satengah dua. Pikeun ngajugjug ka statsion Cijulang kudu leumpang kurang leuwih 5 kilometer. Teu mapay jalan raya (nu harita masih taringgul batu bodas), tapi ngahaja neangan jalan potong kompas. Ti lembur kuring teh ngetan, mapay jalan ronda, liwat dua kampung tatangga, terus ka sasak gantung. Kuring nu masih olo leho harita dipungu -anjleuceu dina taktak Bapa. Moal sicaritakeun di sasak gantungna nu panjangna ampir 50 meter mah. Memeh jam opat teh anjog we ka statsion. Teu apal soal meuli karcis, harita indung bapa ge dipangmeulikeun ku Mang Juha jeung Mang Sumaryo.
**
'Tooot.......toooooot....!' kareta teh berangkat. Kareta janari. Kuring bungah, sakapeung tipepereket dina lahunan Bapa. Katangen ema jeung Bapa bangun bungah, jiwana berkembang lir penumpang kereta malam dina lagu. Lin caang bulan, tapi carangcang tihang. Lieuk kenca lieuk katuhu. katangen tutuwuhan lalumpatan. Silih udag. Ya, Allah, aya rasa nineung, antara mangsa lawas jeung inget ka indung bapa kuring nu kiwari tos taya dikieuna.
Kuring harita teu apal masalah Sasak Cikacepit, ngan palebah dinya teh panumpang kareta caruringhak. Aya nu tutunjuk ka laut, aya oge nu nepak budak atawa baturna bari peureum. Mun cek ayeuna mah meureun babacaan. Kitu deui soal torowongan Sumber (Wilhemina ) nu harita mah kuring teu apal. Ngan nu aya teh di jero kareta ngadadak poek meredong. "Bapa," cek kuring rada ngarenghik, aneh tuda. Ngan bapa teh gowat ngupahan, "Sakeudeung deui," cenah. Memang teu lila bray we caang.
Sanggeus tepi ka Banjar. Kuring katut sababalad, Indung Bapa kaitung mang Juha jeung mang Sumaryo, turun. Kaluar ti statsion, ngaso hareupeun toko. duka toko naon teu apal. Mang Juha jeung Mang Sumaryo, euweuh, cenah keur neangan oplet ( mun ayeuna mah mikrolet meureun). Kuring ngahenggoy sawo sabuncriteukna.
Teu kungsi sajam jol mobil, potongana mah siga sedan. Bus we asup. Kuring nu harita kakara numpak kandaraan (boh mobil boh kareta) estu di jero mobil teh karasa sunepek. Anehna, sakitu geus heurin usik ge penumpang teh anger diasup-asupkeun. Saking lieur jeung eungapna kuring pakleng puyeng, terus utah-utahan. Ngutahkeun sawo.
.
Duka tah mun cek kiwari mah jalur mana tah ka Rajadesa ti Banjar teh. Estu harita. boh indung bapa, sumawona kuring nu masih bau hitut, teu apal lelempatan. Ngan nu karasa harita teh (1974-an) mobil oplet geus kaasup aralus. jalan oge teu manggih nu renjul. Ketang ari soal alus mobil mah teu pati apal dan bubuhan kakara nyaho mobilna oge. Inget-inget poho ti Banjar ka Rajadesa --nepi ka imah Mang Sumaryo teh aya tilu kali ganti mobilna. Teu apal kampung atawa desana. Duka kampung naon atawa desa naon.
.
Nu inget mah imahna Mang Sumaryo teh sisi jalan, tapi bet jauh ka warung. Buktina basa harita kuring jeung ema hayang jajan mani udar-ador neangan warung, mangih-mangih warung bolu. Hiji warung nu ngan ukur ngajaual dahareun teh bolu. Mani aneh ngadenge ngaran 'bolu', tuda kakara manggih. Pejemahan di sabudeueruen Mang Sumaryo mah kaitung datar. Sanggeus ngendong sapeuting, isukna pindah nganjang ka Pilemburan Mang Juha, ieu mah pajemahana rada lungkawing. Imahna teh di lamping pasir, tapi katangen subur. Tangkal kadu, dukuh jrd kaasup ceuyah. Ngabageakeun semah teh ngahaja ngaedahkeun balong. Gurame, tawes, kancra, lele dilarad. Ah. masih ngalangkang dina kongkolak. Ngan nu bureng duka di lengkob mana ieu pajemahan teh, ngan nu pasti di Kacamatan Rajadesa, Kab Ciamis.(*)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar