Selasa, 17 Januari 2017

Rukun Nu Kalarung

"Rukun Nu Kalarung". demikian judul cerpen berbahasa Sunda yang dimuat di Suara Daerah No.517, merupakan karya pertama saya yang tampil di media pada Februari 2016. Kepada Majalah Bulanan PGRI Jabar, saya haturkan banyak terimakasih atas kesudiannya memuat tulisan saya ini.
______________________________________________________________


Carpon Otang K,Baddy
Rukun Nu Kalarung
    Jauh samemeh daftar haji teu weleh mikir, naha sanggup dirina narima balesan atawa ganjaran tina dosa-dosana ke di tanah suci? Nurutkeun beja cek nu geus ngalaksakaeun ibadah haji, di tanah suci mah
sagalana bakal ditembongkeun. Hade goreng  laku lampah urang di lembur samemehna bakal dibales.
      Pantes ku kitu tea mah,  sarerea ge apal yen Mekkah teh kota suci tempatna kalahiran junjunan alam, nabi ahir jaman,  nyatana Kanjeng Nabi Muhammad SAW.  Sedeng Madinah, kotana cahaya tempatna nyalindung tina kapoekan hirup jeung rongrongan urang kafir.  Kukituna munasabah mun timbul cerminan tina sagala laku-lampah samemehna  bakal dibolekerkeun.
     Memang hukumana teu langsung sakumaha nu dibayangkeun kawas dina buku komik jaman lawas, nu digambarkeun nu sok zinah teh ditojos ku beusi hurung, nu tara poasa dibelit oray, nu tara zakat disetrika,  jeung rea-rea deui gambaran nu matak pikagetireun. Balasan hukuman didieu moal jiga kitu. Teu aya katerangan yen di hiji kota bakal dijadikeun naraka tempat nyiksana jalma-jalma nu dosa. Sanajan saupama hirup kumuh para mangkeluk di eta kota edan ngaleuwihan anjing edan. Komo deui ieu kota suci Mekkah jeung Madinah kota cahaya. Ngan pedah, ti baheula nepika kiwari, satiap nu ngalaksankeun ibadah haji sok pinanggih jeung kaanehan anu ditafsirkeun mangrupa balesan tina laku-lampah di lembur samemeh mangkat. Mun laku-lampah goreng di lemburna bakal pinanggih hasilna, kitu deui sabalikna. Cohagna mah mun laku samemehna awuntah didituna sagala gejed, hararese, sabalikna mun laku samemehna hade didituna sagala lancar.
     Mireng kitu Jasim sok jadi was-was oge pikeun ngajalankeun rukun Islam nu pamungkas teh. Padahal dirina geus mampuh. Lin ukur harta, tapi oge tanaga jeung raga nu kawilang sehat. Nya tina tekad nu gilig, ahirna Jasim mutuskeun daftar haji jeung Jumasih, pamajikanana.
      Jeung deui sabenerna Jasim teu kaasup boga dosa rongkah samodel zinah, atawa ceuk paribasa mah tukang bobok-tukang mukakeun anerok. Kitu deui dosa sabangsa syirik, sabab tara saba dukun atawa mujung ka gunung muja ka guha jeung jajaluk ka kuburan. Jasim can pernah ngabunuh jalma atawa nganjleng kana jandela awewe tatangga. Kitu deui pulang-paling atawa kabiasaan panjang leungeun, sabab hirup Jasim ti beh dituna ge geus kaitung cukup. Jasim lin pajabat, nu diantarana  najan geus beunghar sok anger kokorobet ngagaksak duit nagara, duitna rakyat. Tapi najan kitu, jasim anger ngarasa boga dosa nu engkena bakal dibales langsung mun geus tepi ka tanah suci. Nyeta bakhil alias medit merengkel jahe.
     Kadang medit atawa bakil aya kalana teu dianggap dosa gede sabab pakait ka dirina pribadi. Dina harti teu ngarugikeun batur. Tapi tetep dina hal ieu bakil kaitung ngalanggar katangtuan  jeung aturan nu geus laku. Sabab tina sekian harta nu kapiboga –utamana nu nu ngaleuyah,  wajib dikaluarkeun zakatna pikeun ngabersihkeun banda nu dipiboga. Sabab dina harta banda eta aya hak nu lian, kitu ceuk katangtuan agama.
      Jasim apal soal eta, sab geus lin sakali dua kali ngadenge. Dina pangajian mingguan di ka-RT-an, bulanan di masjid jame atawa ceramah-ceramah liana kaitung dina tivi. Tapi inyana bet asa hoream wae, sangeuk, ngan henteu we nyebut cadu. Bet asa teu ku ari-ari, harta beunang hese cape tatahar make kudu aya nu dibikeun ka batur. Nyiar-nyiar ogoan tah jalma nu masakat teh, kitu pikirna. Teuing teu apal atawa mungkir,  padahal di dunia ieu moal aya istilah jalma beunghar mun taya nu miskin.  Batina poek meureun, yen Gusti Allah mere peraturan eta padahal sangkan nu beunghar bisa mere maweh atawa babagi kabungah ka nu miskin. Ngabagi kaboga ka nu teu boga, nulung ka nu butuh nalang ka nu susah, kitu ceuk sompralna. Mangpirang taun jadi jalma jegud, jasim anger mugem can ngajaran ngaluarkeun zakat sakali-kali acan.
      Ayeuna rek munggah haji Jasim ngarasa muriding jeung hemir-hemir, pisakumahaeun temen balesan engke di tanah suci? Dirina teu bisa ngayangkeun nu pasti.

**
      Ti mimiti kaluar ti lawang imah, ninggalkeun lemah cai tur nepi ka nu dituju, Jasim teu manggih jeung sesebred pacengkadan. Taya halangan harungan. Inyana dibere sagala kalancaran di tanah suci. Mulai urusan maktab (asrama), urusan dahar, proses ibadah nu dipandu ku ketua rombongan. Jasim ngarasa kabeh lungsur-langsar.
      Tapi najan kitu inyana tetep waspada perbawa rumasa, utamana keur aya di kota Mekkah jeung Madinah. Sabab ceuk sakumaha beja nu sumebar ti beh ditu,  di dua kota ieu bakal pinanggih hal-hal aheng anu ditafsirkeun mangrupa balesan tina dosa laku-lampah salila hirupna di lembur.
     Timbul pikiran, moal boa Gusti Allah geus ngahampura ka dirina. Buktina seja indit ti lemah cai nepi ka tujuan bet taya hambatan nu tumiba ka dirina. Bet asa jauh jeung beja pangalaman nu lian nu pernah pinanggih jeung nu aneh waktu ibadah haji. Hiji lalaki teu karuh-karuh panonna bareuh jeung  nyeri alatan cenah di lemburna sok ngintip awewe nu mandi di sumur atawa sisi wahangan. Aya nu hese wae cai waktu rek wudu-nginum atawa mandi alatan di lemburnya sok medit jeung maseakeun cai irigasi keur ka sawah jeung ka balong. Ah, pokona rea we pangalaman babales laku nu mindeng kadenge. Malah teu heuleum-heuleum cenah aya oge nu pinanggih jeung bobogaan lalaki atawa awewe tingaruget dina ayakan akibat di lemburna sok resep kana daging atah.
     Tapi inyana teu amprok jeung nu karitu, lulus banglus we. Berarti istigfarnya salila ieu ditarima. Pan Gusti Allah ge saeutikna bakal ngahampura kana dosa atawa ngajauhkeun reregen ku ayana mindeng baca istigfar? Iwal soal bakil, tapi hade ka sasama. Naha kitu tek geus kaitung cukup lin?
      Nepika salamet mulang ka lemah cai, Jasim ngarasa bungah. Berarti taya gunana salila ieu manehna teu weleh marudah jeung honcewang alatan tara zakat nepi ka hoream kudu mungah haji. Unggal taun teh ngan sok ku-ke we ngajawab pananya batur teh. Rukun Islam nu kalima geus tinekanan sanajan zakat mangrupa rukun nu ka-opatna dilarung.

  **
     Jasim – nu ngarana jadi Haji Jasim, kawilang someah waktu narima para tamu nu daratang ngadeugdeug ka imahna. Teu saeutik nu maruji yen inyana geus bisa nedunan panggilan Illahi ku ngalaksanakeun jarah ka tanah suci. Malah rea oge nu ngarasa sirik awahing kabita hayang ngalaksanakeun rukun paling purna ngan orokaya kabates ku dana. Saterusna aya oge nu ngarasa panasaran tur nanya, naha salila di ditu manggih pangalaman aheng teu, utamana anu aya pakait jeung kalakuan samemehna?
      Ditanya kitu Jasim ukur imut tur nembongkeun kesan wibawaan . Pokna: “Insa Allah mun do’a jeung istigfar urang ditarima sebage tobat moal pinanggih jeung hal-hal nu teu dipiharep. Allah Maha Rahman-Rahim, Maha Welas Maha Asih.”
      Kabeh tingarungeuk.  Sajaba aya rasa nu nembus kana jero dada, oge bet ngadadak ajrih. Kitu deui pribumi nu dideugdeug tambah marahmay tur teu bisa munikeun irung nu kembung basa aya nu pok hareupeun,  cenah sabot tas ti mekah mah ieu lalaki teh paromana jadi cahayaan.
      “Percanten ibadah haji akang teh ditampi ku Gusti ari kitu mah,” cek salah saurang saolah mere kasimpulan, “Insa Allah janten haji mabrur.”
      “Amiin..!” walon Jasim ngemplong.
      Inyana teu poho sakumaha anu sok dijelaskan ku para anjengan,  mun sanggeus balik munggah haji alus ahlak jeung ibadahna, berarti munggah hajina ditarima. Sabalikna mun teu ngarobah adat alias balik deui kana laku nu goreng, ibadahna ditolak. Kukituna inyana mikir, naha taun ieu rek sanggup ngalaksanakeun Rukun Islam nu ka-opat (zakat), dina hal ieu zakat mal?
      Teuteup jeung uteukna nyapu pangeusi imah jeung wangunna nu kawilang mentereng. Bener-bener sugih manehna teh. Sababaraha gudang bako, mangpuluh sapi nu digaduhkeun jeung nu kokolakeun husus ku cara ngulikeun marab, geus jadi cengcelengan nu ngocor saban waktu pikeun kasugemaan hirup kulawarga. Can ladang mini- marketna nu aya di kota kacamatan, estu teu weleh ngadatangkeun untung. Mun ngarah mah inyana bisa mungah haji ungal taun, atawa bisa umroh opat kali dina sataun. Tanah suci  bisa dijieun tempat pambalikan nu kadua, tempat mudik pikeun rohanina.  Ceuk pikirna,  soal eta mah asa teu kabeuratan sabab hasilna bisa dirasakeun keur sorangan keneh. Tapi mun ditaburkeun pikeun zakat?
      Asana ke heula kudu jadi darmawan kitu mah. Tiap taun kudu ngaluarkeun sekian persen, memangna banda pamulung nu lagragan ti langit? Ladang cape eung. Malah samemehna mah pernah kutu cileuh kentel peujit sagala. Sumpah, lin harta warisan turun timurun ladang korupsi lur, tapi ladang cape!, cek hatena beuki wangkelang. Munggah haji kakara sakali, kitu ge bari hemar-hemir da rumasa tara ngaluarkeun zakat.
     Ayeuna manehna geus boga gelar haji. Masyarakat beuki hormat jeung ajrih. Aya hadena mun taun hareup milu ngantri daftar deui. Malah dua bulan deui dirina hayang umroh, itung-itung ubar sono ka tanah anu suci. Moal aya halangan-harungan pikeun dirina, jeung barina keur naon ongkoh mikiran nu teu paruguh cenah.
      Saterusna Haji Jasim indit ka biro perjalanan umroh. Inyana mutuskeun hayang mangkat leuwih awal tina rencana samemehna. Mun taya halangan sabada musim haji nu anyar ieu.
      Tapi teu mangkuk sabara poe, mangpirang sapi manehna leungit aya nu maling. Ku kajadian eta, sajaba ngarasa haneua, niat indit umroh ge jadi bolay.(*)

                                                                                       (Cijulang, Juli

Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll