Rebun
keneh Sahroja geus ngereles indit sorangan ti saung, sejak mulang miheulaan
pamajikana nu masih keneh bebenah. Sakumaha biasana unggal poe Jumaah, sajaba
ngalongok lembur teh hayang biasa aub jumaahan jeung batur salembur. Sab ceuk
katerangan kurang apdol mun jumaahan di luar kampung, utamana salagi dina kaayaan
rineh. Kusabab geus kaitung rerempo inyana milih jalan nu aman, dina harti teu
make jalan torobos nu hara-haraeun, samodel sajaba kudu mapay galengan jeung
sakapeung nyisi
leuwi teh oge nu paling matak soak teh kudu ngaliwatan cukang awi saleunjeur luhureun solokan. Ti saung teh ngulon aya satengah kilona muru nyegat beus di jalan gede nu engkena bakal ngaliwat ka lemburna nu aya di luar desa tina ieu pasawahan nu teu weleh diendongan saban peuting.
leuwi teh oge nu paling matak soak teh kudu ngaliwatan cukang awi saleunjeur luhureun solokan. Ti saung teh ngulon aya satengah kilona muru nyegat beus di jalan gede nu engkena bakal ngaliwat ka lemburna nu aya di luar desa tina ieu pasawahan nu teu weleh diendongan saban peuting.
Sanggeus kaprak-keprek bebenah di saung kayaning mareuman ruhak dina
pegenen jeung menahan kastrol kana para saung, Rukminah pamajikan Sahroja gowat
nyusulan bari ngais beas nu diwadahan keresek da basana melang bisi aya nu
taleureuh. Sedeng bangsaning kastrol atawa bantal butut mah piraku aya nu
maling. Sajaba ngais beas teh inyana
ngajingjing jaliken kosong nu engkena rek ditunda di deukeut sumur nu
jajalaneun, sampeureun mun balik deui.
Rukminah
leumpang ngaler. Ngugkug mapay galengan pasawahan nu kakara humejo anyar
ngagemuk. Leumpang rurusuhan sote hayang nyusul Sahroja, salakina tea, nu
disangkana sarua make jalan torobos. Padahal tadi ge disebutkeun Sahroja mah
pan teu make jalan dinya.
Najan
kaitung geus teu kaala gawena ge alatan geus maju ka jompo dina harti
leumpangna teu nigtrig kawas manehna, tapi pan jasana mah teu kaitung gedena.
Salaku awewe nu samemehna hirup katalangsara sasatna jadi kajait ku ayana kawin
jeung Sahroja. Nya sakeuleun dahar-dahar wae mah pan teu kurang, malah sasatna
ari panen ge sok lubak-libuk. Lin ukur panen pare, tapi oge hasil bubuahan kayaning
ladang sawo, kalapa, manggu atawa kadu pan
geus ngajamin. Balanja-balanja kabutuh dapur wae mah moal kurang.
Ngan
nu teu weleh jadi bangbaluh salila ieu, duka tina pasirikan duka kumaha, Sahroja
nu ngaduda alatan ditinggal maot
pamajikana terus kolu ngajait dirina bet dituding boga elmu goreng. Cenah
alusna pepelakan tur teu weleh hasil teh alatan boga elmu tatanen nu didukung
ku bangsa lelembut. Jadi we boh pare katut bubuahan liana kajaga ku bangsa
jurig nu diingu. Sabangsaning hama wereng atawa beurit mun di sawah, bajing,
monyet, lalay nu di kebon-kebon nerekabna ka batur, sedeng ka inyana mah
henteu.
“Teu
sawajar nu kitu mah, sok ngaruh jurig,”
“Abong
tukang teluh nu salawasna ngahiji jeung setan, tatanenna teu weleh hasil.”
“Kudu dicangkalak nu kitu mah, tuman!”
kitu diantarana nu pernah kadenge ku Rukminah di lembur. Tapi najan kitu
salakina can ngadenge boga urusan jeung masarakat umum mah. Enya samodel
diriungkeun alatan umpamana geus neluh si anu. Can pernah. Ngan aya oge barudak
teu uni nu sok mindeng ngagedor imahna teungah peuting.
“Ari
hayang salamet mah sia teh kudu mere hayam jago!” kitu cek sabubuhan pamuda
bari panonna beureum. Atuh ku sabab sieun hayam jago dina kurung teh dikopkeun.
Sajaba terusna menta beas sok menta oge keur rokona. Teu cukup saratus rebu,
alesana lin keur saurang tapi rek dipake meruhkeun para pamuda sangkan tong daek
ngontrog ka Sahroja. Kitu jeung kitu we, sasatna ampir unggal peuting. Atuh
hayam sakandang teh sasatna ludes.
Kungsi hayang lapor ka nu berwajib tapi
kaburu dihulag ku Karlin, dulurna nu jadi Kadus.
“Keur
nanahaon lapor, sarua we nyerahkeun diri ka maung calangap ari kitu mah,” cenah
cek Karlin, adina pituin nyingsieunan. Nya rek teu kitu kumaha, pan salila ieu
nu nguar-nguarkeun Sahroja yen bisa neluh teh manehna. Alesana mah naon deui
ari lain tina soal dunya, padahal taneuh warisan ti kolot mah sasatna dibagi
rata. Ngan samemeh jadi kadus nu Karlin mah beak dijualan, sedeng lanceukna mah
–Sahroja tea, taneuh warisan ti karuhun
teh diolah nepi ka ngahasilkeun mangpirang banda. Jadi nu dijual teh buluna,
lain taneuhna. Nu matak teu weleh lubak-libuk hasil tatanen teh, malah traktor
ge geus kabeuli.
Alatan
di imah sare teu tibra, Rukminah salila ieu teu narah diajak ngendong di saung sawah teh. Sok
komo saungna make bilik, katurug-turug aya alesan sajaba ngurus sawah teh bari
sakalian nungguan traktor nu kakara dibeuli dina mangsa nyambut nu ayeuna.
Sakumaha perjanjian jeung Rasto samemehna, nyeta nu sok ngagawekeun mesin teu
tanggungjawab katundaan di imahna. Alesana mah sab taya tempat nu mernah, sok
komo sanggeus manehna jadi tukang nyadap kalapa. Jadi we di imah teh haleurin
cenah.. Nya kapaksa ditunda di saung Sahroja nu kaitung tumaninah ukuran 2,5 X
4 meter nu ngahaja beunang ngarombak ti samemeh traktor dibeuli.
“Keun
we sakapeung mah kuring ge daek maturan ngaronda di saung,” cek Rasto nu imahna
teu pati jauh ti saung eta, pernahna di sisian beh kulon sasat tapel wates
jeung sawahna Sahroja. Sanajan kaitung ngumbara, Rasto nu asalna ti Purbalingga
bisa disebutkeun pribumi alatan nganjrek di ieu tempat nu samemehna buburuh
bari terus nyadap kalapa batur teh geus aya 20 taunna. Ampir unggal peutig
samemeh Sahroja tibra Rasto sok datang ka saung, ngadongeng bari ngopi. Mun
Sahroja geus tunduh aya kalana uplek jeung Rukminah. Atuh Rukminah nu kaitung
pangawakan awewe cangker keneh teh sok ngarasa haneuteun, dina harti teu asa
mondok nyaung-nyaung. Leuwih cocogna ngomong jeung Rasto teh pedah tadina ampir
sadaerah. Bedana Rukminah ti Banjarnegara, lin ti Purbalingga kawas Rasto.
*
Rukminah jeung Sahroja sabot matuh di saung sawahna di luar desa, unggal
poe Jumaah sok biasa mulang lemburna. Sahroja alesana hayang Jumaahan sedeng Rukminah
mah samemeh waktu Jumaahan sok ngaji bandung kuping ka madrasah. Nya
itung-itung nepungan urang lembur we saminggu sakali mah. Alatan eta teu jadi
catur teuing mun Rukminah teh mindeng nyaung-nyaung di sawah.
**
Rukminah ngajenghok oge basa inyana nangenan cai solokan handapeun
cukang awi bet kiruh bari jeung murubus. Moal salah ceuk pikirna yen Sahroja
salakina teh tijegur, sab ti kamarina ge Sahroja nyebutan hoream mun kudu liwat
kana eta cukang awi.
“Tulung, batuuur....!” Rukminah
rawah-rawih bari garo singsat. Terus luak-lieuk sugan aya batur nu ngulampreng.
Tapi taya sasaha bubuhan isuk keneh, sok komo poe Jumaah umumna nu ka sarawah
teh sok pere pajuan isuk mah.
“Tuluung, salaki kuring tijeguuuurr...!” nyorowokna rada tarik manan
tadi, sari ngajerit kawas nu kanyenyerian. Kituna teh bari garo singsatna mah
teu leungit, malah samping nu dipakena ampir dilarad samemeh gajleng ka handap
solokan nu caina kiruh. Ngan orokaya saurang mangkeluk teu pati jauh ti tempat
eta nyorolokeun maneh tina tangkal kalapa, bari terus muru nu katalangsara.
Sihoreng tukang nyadap tea, sanggeus ngalungkeun pongkor jeung lahangna nu teu dipiroea
najan bahe, ieu lalaki rohaka teh langsung gejebur teuleum. Nangeun kitu
Rukminah ngarasa hegar sanajan nu diburu di jero cai can karuhan katimu.
Tapi
sanggeus sababaraha menit nu sejak nulung teh teu muncul deui, Rukminah soakna
leuwih ti misti. Awahing teu kuat nandangan musibah nu nampeu, inyana kapiuhan
samemeh saterusna tijegur kabawa palid. Teu apal sabada kitu satria
pikasebeleun teh muncunghul deui ti jero cai.
Pikasebeleun
sote wuri-wuri apal Sahroja teh teu tijegur sab rebun keneh inyana panggih
samemeh nyegat beus di beh kulon bet hayoh make teuteuleuman. Gumasep pisan.
Minangkana mah hayang ngeleg ka Rukminah, hiji awewe nu sasatna unggal peuting
dironom dina galengan tukangeun saung(*)
(Cijulang, November 2017)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar