Rabu, 07 Agustus 2019

Sawah Gadean

Carpon Otang K Baddy (Sunda Midang 26 Maret-27 April 2019)  

       Ngadadak rieut mikiran soal gadean, nyeta gadean sawah. Pangpangna sabada Kang Ruslan kapilanceuk kuring nu salila ieu boga nu gering ngajempreh, angkag-ingkig nanawarkeun sawahna hayang digade. Basana tulungan cenah.



      Antara rieut jeung karunya. Lin teu hayang, sab kangaranan hirup di lembur nu umumna ngandelkeun bulu taneuh bisa disebut lumayan mun bisa guda-gade teh. Boh ngagade kebon kalapa atawa sawah. Jadi sajaba boga hasil duit oge moal mubah.

     "Peupeurih teu kaduga meuli sagemblengna," kitu cek mitoha meredih. Ari sih kaharti mun pareng duitna nyampak mah.

      "Munta ku Bapa we atuh talangan heula," cekeng teh.

     "Apal ieuh pan bapa mah ayeuna teh geus koredas, boro-boro bisa nalang dalah keur tunggul kuras ge luput."

      Memang munasabah oge mun mitoha nyebut kitu, sab kamari-kamari ieu tas mayar nu 70 juta, nyeta sawah ti Kang Ruslan. Tah nu ayeuna basana kapalang nampeu jeung boga mitoha nu anyar dibeuli tea, Kang Ruslan teu weleh pulang anting ka mitoha. Alatan mitoha sasabaraha kali nyebut koredas inyana teh jadi bulak-bulikna ka imah kuring.  Magar teh ceuk mitoha piraku teu boga duit pisan onaman.

      Teuing sabaraha tumbak legana mah, cenah hayang limawelas juta.

       "Keun we atuh heula, aya-aya lima juta," kitu ceuk Kang Ruslan.

       Enya keur tatamba cenah. Nya memang Ceu Uti, jikan Kang Ruslan, teuing kunaon salila ieu gering ngejejempreh. Teu hudang-hudang. Estu hayang  malik atawa usik teh ku tanaga batur. Nya mun teu ku anak minantu nya ku Kang Ruslan sorangan. Geus tatamba ka mana-mendi teu daek wae cageur. Mangpirang cangkang obat ti dokter geus nyaseh. Kitu deui tatamba ka kampung, ceuk paribasa tea mah geus beak menyan beak pinggan pikeun nedunan syarat jeung tarekahna. Anger can tinemu jodona.

       "Najan saupama panyakit bawaeun mulang euceu sia, tapi akang asa teu raos mun cul kitu wae," ceuk Kang Ruslan ngalimba.

       "Ari gambarana mah geus aya Kang. Dina gadean duawelas juta, keun sesana nu tilujuta mah cuang tarekahan we kuma engke," tembal kuring. Memang saujratna, sawah ranca nu beunang ngagade kuring nu aya di luar kacamatan seja menta dipulangan ku nu bogana. Sajaba sok kabanjiran wae teh alesana nya memang jujur hayang bari nulungan kapilanceuk, nyeta Kang Ruslan tea. Sok komo Ceu Uti cenah hayang dibawa ka Garut, cenah aya kokolot purah ngubaran di ditu teh.

       "Ayeuna mah kieu we jangeun ubar apotek jeung nu ngurut, atuh aya-aya sajuta," Kang Ruslan ngawawadian.

       Bakating karunya duit nu sasatna jadi tunggul kuras tamba kacandirbangban  teh kapaksa dibikeun. Kang Ruslan katangen rada berag. Najan memang niatna jang tatamba, Kang Ruslan nu pernah jadi ulis, tangtu duit eta teh saeutik gedena harepan kacoceng. Misal jang ngopi, udud jeung meuli bengsin. Memang karunyana aya, sab sabada kaluar tina reureumis desa katangenna luna-lunu, ceuk sompralna mah kawas hese meuli bako-bako acan. Nu matak boga nu ngajempreh teh sakapeung mah siga dijieun kasempetan, meureun bisa nebeng jang jajan.

     "Nu matak kumaha wae ge tarekahan, moal boa geus soak mah kana dijual lepas," ceuk mitoha kawas nu mere bongbolongan. Memang lin omong pamonyongan, pan sawah nu dibeuli ku mitoha magar tujuhpuluh juta ge asalna mah digade. Ku sabab boga nu gering tea terus we ditambah jeung ditambah, nepi we dijual sagemblengna.

       "Akang maneh mah teu kaduga beubeuli bubuhan saumur-umur gawe di desa, jadi bororaah nambahan nu aya age nungtutan dijual," omong Ceu Uti dina hiji waktu basa harita kuring jeung jikan ngalongok inyana diopname di puskesmas.

       "Keun we pan ngarana ge kumaula, kumaula ka desa berarti ngabdi ka nagara jeung bangsa. Sarua jeung ibadah," cek kuring nu memang lin ukur nyombo. Ceu Uti nu teu elat dikacapanon najan gering teh rupana mah bet mencrang, ngan ka handap mah sasatna kari tulang nu dibungkus kulit.  Estuning matak watir.

       "Mugi sing tereh cageur we. nya Ceu," omong kuring daria bari hate mah ketir oge.

        Ceu Uti mah memang kaitung sobar tur tawekal. Salila ieu ngan teu weleh dinyenyeri we ku salaki. Tuda Kang Ruslan mah saumur-umur hirupna sasat ngalajur napsu. Resep teuing ka awewe. Malah pan diretul tina juru tulis ge alatan eta tea. Abong tuda jikan kuwu nu sasat jadi atasan  manehna make wani ngagadabah. Sajaba dibeslah tina gawe teh make jeung kudu mayar denda limapuluh juta. Atuh sawah kebon ge jadi nganclang.

      Tah ti harita mimiti Ceu Uti geringan teh, tug nepi nambruna. Mun teu salah geus dua taun leuwih tilu bulan alias tujuhlikur bulan. Geus teu dibawa ka dokter atawa ka puskesmas. Ceu Uti ngajempreh we. Ngalempreh beurang-peuting. Mun kesel di imahna, itung-itung titirah sok dibeyeng ka imah budakna. Kitu jeung kitu we salila ieu.

      **

   

      Nu jadi rieut jangar jeung tambah rungsing, kunaon nu boga sawah ranca tea bet teu daek wae mulangan sawahna nu digade ku kuring. Padahal kuring geus ngarasa kasedek sab Kang Ruslan ampir ungal isuk datang magar teh kacida butuhna. Sabab sajaba hayang mawa Ceu Uti ka Garut tea cenah inyana masih boga rereged jeung tatangga sadusun. Atuh kuring nu baluweng gowat neangan injeuman, antukna kebon kalapa nu sok nulung keur meuli samara teh kapaksa diborahkeun duajuta ka alo kuring.

      "Kang Somad, Insa Alloh duit teh aya. Isuk kadieu we teang rebun-rebun," nu boga sawah nelepon peuting-peuting.

      "Alhamdulillah Euceu, abdi bingah pisan," tembal kuring sasatna surak. Rek teu kitu kumaha tuda sasat keur katotog halu bingkeng cek paribasa tea mah, nya datang iber pikabungaheun.

       Rebun keneh langsung nyemprung ka imah nu boga sawah ranca tea.

       "Kieu kang, sabenerna sawah teh moal dipulangan ku abdi tapi dileperkeun ka batur. Kabeneran aya nu sanggupeun tur duitna cenah aya. Malah nu rek ngagadena teh lin urang mamana, tapi kaasup tatangga sakampung jeung Kang Somad."

      "Baruk, saha tea?" kuring kerung.

      "Mang Karjun, wawuh lin?"

      "Nya apal atuh."

      "Ke sakeudeung deui ge deuk kadieu cenah, sakalian bari rek nyieun lahan pawinian keur pare jero nu ayeuna."

      Nya apal Mang Karjun mah, tatangga beda RT. Ceuk sawangan kuring pantes da  kamari ieu aya bejana ngajual sapi jalu.

      Kakara dua regot ngopi, ana torojol teh nu didago datang, Mang Karjun mawa pusri di hareup motorna, nyeta binih keur tebar.

      "Duh sugan teh lin tatangga, sihoreng manahoreng,"  Mang Karjun galehgeh sab teu nyangka cenah sugan lin kuring nu boga hadasna.

      "Sabenerna nu butuheun gadean mah lin uing, tapi Bah Darsan. Aya beja kamari ieu dikirim duit ku budakna nu gawe di Pangkalpinang."

      Kuring neureuy ciduh, sab bet asa bulah-baleh.

      "Jadi tong salempang, ayeuna jig sampeurkeun, dieu mah rek tebar heula, ke disusul. Naha atuh sawah ilaing kunaon bet make hayang dipulangan, padahal genah dieu teh aya batur salembur," omong Mang Karjun kawas nu nganaha-naha.

      "Lin teu lebar Mang, puguh aya pangabutuh sejen," cekeng teh mimiti rada handeua, sugan enya rek ku manehna digadena.

      "Enya lah, buru deukeutan Bah Darsan."

      Semprung we kuring ningalkeun maranehna, nyeta Mang Karjun jeung nu boga sawah tea. Pusing , aya ku bulah-baleh jeung ngayayanah pisan. Memang bareto ge nu boga sawah teh geus wakca yen ulah hayang tereh-tereh dipulangan cenah. Munasabab ku kitu tea mah, najan enya ge boga traktor, rontogan jeung kolbak ari hutangna mah cenah raweuy. Jadi pantes mun sawah teh  dileper ka batur oge, kaausp mun bener deuk digade ku Bah Darsan.

       Kasampak Bah Darsan canibleung bari ngopi.

       "Dieu, asup," cenah ngahiap. Kuring asup, terus namapanan leungeuna nu ngajak sasalaman.         

      "Dongengna mah kieu yeuh," Bah Darsan nepakan taktak kuring, "Duit mah kamari-kamari aya, dikirim ku budak duapuluh. Ngan nu duawelas diinjeum heula ku Karjun, ke ditaurna ladang ngajual jalu cenah. Tah sesa nu dalapanjuta mah dipenta Ruslan, kapilaceuk silaing, Omongna keur tatamba,  cenah borahna ku sawah dua calobek di hilir nu rek dipanggarapkeun ku dulurna."

       Leng, bet asa beuki lieur.

       "Ke ari geus kieu kumaha, atuh?" tanya teh bureng.

       "Wayahna we dagoan sapoe dua poe mah ti Karjun. Mun teu isuk sugan we pagetona. Sapina mah aya beja geus payu limawelas, ngan cenah duitna dianjuk heula saminggu ku Haji Karmo."

       Nu jadi haneua na atuh kunaon arusaha teh bet ngandelkeun bacot, duitna mah teuing dimendi. Najan rada cangcaya ku itu ku ieu, angger we ampir saban poe kuring jadi mindeng bulak-balik ka Bah Darsan. Kitu deui Bah Darsan ka Karjum, teu sirikna unggal burit pulang-anting ka kandang sapina menta kaputusan.

      **

      Waktu Kang Ruslan miang seja tatamba ka daerah Garut nu nagih ka kuring bet jadi ganti.

      "Mang Somad, ceuk Kang Ruslan kamari ieu duit nu duawelasjuta deui mah ka abdikeun. Sab abdi rugi ngagade salila opat usum ieu can kungsi ngajaran panen," ceuk eta lalaki rada ngora keneh. Inyana masih sakampung jeung jenatna Kang Ruslan mah, ngan poho ngarana. Memang sadesa jeung kuring, ngan beda dusun.

       "Oh, ari soal duit mah geus nyantong, Tenang we, paling tunggu ngarah dua poe mah. Yakin, aya!" jawab teh paya engab. Disebut kitu nu nagih teh ngaleos.

       Isukna, isuk-isuk kuring biasa nepungan Bah Darsan. Kasampak pribumi teh keur ngalangut di lawang panto. Nyeri sirah cenah.

      "Aneh lieur teh bet teu beunang ku ubar," omong Bah Darsan bangun soak. Terus nyaritakeun yen geus cape pulang-anting ka Mang Karjun, najan geus leuwih saminggu cenah sapina can dibayar ku Haji Karmo.

       Sanggeus puguh lopon kitu mah kuring teh mulang bari mawa hate peteng. Bari leumpang mapay gang hawar-hawar kadenge sora Bah Darsan kukulutus.

      "Kunaon atuh nu harirup teh bet barohong,?"

      Teu lila kebruk cenah kawas nu tigubrag. Ana dilieuk katangen Bah Darsan nangkarak bengkang dina curugan imahna. Bari pikiran soak kuring gowat muru seja nulungan. Nganjakal si abah teh teu bisa katulungan.

      Hampura Bah, moal boa kajadian kieu teh lantaran kuring jeung Kang Ruslan, batin teh karasa peurih.(*)

                                                                               (pakidulan, november 2018)

Tidak ada komentar:

Popular Posts

Blogroll