Cerpen Bahasa Sunda/Carpon: Otang K.Baddy (Tribun Jabar 12 Januari 2016)
“Gebuug..! Podaran….! Duruuuk…!” tinggorowok.
Ampir unggal poe. Pikeun nu teu apal mah matak ketir ngadengena, sok komo
pikeun nu boga dosa, sabab aya kecap podaran jeung duruk. Nya teu aneh,
sihoreng keur maloro beurit. Salaku nu kapeto jadi pupuhu di desa Cangkewok,
nya kuring tangtu ngadukung.
Desa Cangkewok memang kiwari keur nyorang
krisis. Utamana sabada samemehna kasorang halodo nu kawilang panjang, Keur mah
tigerat ku hese cai, hayoh ditambah ku masalah beurit. Teuing kunaon si monyong
nu biasana ngagaksak kana pelak pare, boh tangkal atawa buahna bet jadi mahabu
kana nu liana. Sabangsa pelak kacang, suuk, bonteng cengek, cau, lobak jeung
pepelakan tani liana kaasup kalapa bet digaksak. Malah aya oge sabubuhan beurit
nu ngayab ka hiji warung, kayaning dahareun mangrupa sembako make ludes dina
waktu sapeuting. Munasabah mun masarakat teh beuki ngenes, dina harti lin ukur
patani wae nu ngarasa ceuceub teh, dalah kuring pribadi ge ngarasa ngewa. Rek teu ngewa kumaha tuda,
gara-gara laku beurit kiwari bet rea nu ngalieus bangun nu judes nempo beungeut
kuring. Cenah kulit beungeut kuring cemot, racak, kebi lir kulit badak. Soal jiga kulit badak si
teuing da rumasa tara kaur ngaca. Ngan omongan maranehna teh teu kaasup nu dijieun-jieun
teuing, sabab rumasa gara-gara beurit. Rasa aneh, dina hiji peuting waktu kuring
keur sare bet teu kurah-karuh aya beurit ngoetan jeung ngegelan kulit beungeut
nepika karasa pareurih. Teuing eta beurit nu kaitung badag teh balas lapar
atawa kumaha, teu pati didaridis. Nu bukti mah sakiwari kuring teu weleh
ngadukung ka sakumna masarakat nu obyag maloro beurit. Asa teu kira-kira tuda!
“Udaag…gebuug…podaraan…duruuuk,,,,!”
“Enya tuman, tong boroning tingkat desa,
dalah nagara ge bisa ruksak kaya kieu mah!”
“Terus boroaann….! Tumaaann….!
Podaraaan….!”
Kolot budak, awewe lalaki unggal poe teu
leupas tina pakarang sarupa alat perang. Ti mimiti bedog, tumbak, kampak, congkrang, parang,
bandring, katepel jeung gembolan batu sasatna teu lesot bari abring-abringan.
Tengah sawah, sisi galengan, jaran-jarian, sisi buruan atawa kolong imah teu
weleh diabyag. Teu cukup kitu, nu hayang puas mah teu tinggaleun nu ngarana
racun pektisida atawa bensin teu elat dibawa, cenah ieu mah mun ngajaga
kapeped. Saupama di monyong nyumput wae dina liang, mun teu beunang dirojok liangnna
dikucur racun atawa bensin, terus diduruk. Geus pasti moal walakaya, eta
mangkeluk tukang ngeret teh moal aya hojah.
Tapi aneh, meureun geus kitu tabeatna
hama, najan diabyag unggal poe ge ager we can waktuna mah teu beak-beak. Bet
kawas nu boga nyawa derep nu manglipet, jumlah beurit teh kalah beuki rea jeung
maceuh bari semu ngalelewe. Eta make dokumen atawa berkas-berkas taneuh di
kantor desa ge teu sirikna dikoromeoh, diwewejet bari dikiihan. Gusti.., ieu
kila-kila naon? Teu cukup ku kitu, mobil kuring nu beunang meuli sabulan
kaliwat tur teu weleh dikonci jokna bet digegelan beurit. Naha timana asupna.
Barina disangka roti bakar kitu?
**
Najan rumasa ngadukung kagiatan moroan
beurit, salaku kades nu kapeto dua kali di Cangkewok aya oge bingungna nangen
masarakat teh. Rek teu bingung kumaha masing sasaha oge, sabab ditempona
masarakat teh bet kalalajonan. Maranehna bet kolu ninggalkeun pagawean di sawah
atawa kebon padahal geus turun hujan. Geus usum ngijih. Sawah-sawah mani ngajemrung
ku jukut ampir satangtung, kitu deui kebon-kebon jadi barala ku eurih.
Masarakat di desa Cangkewok bet jadi
kabungbulengan ku moro beurit.
Asa lieur jeung rempan mireng kajadian nu
tumiba teh. Bener-bener sareukseuk jeung hareudang. Utamana sanggeus katangen
Sarkutang nu teu teu weleh ngabobotohan masarakat di unggal kampung. Sarkutang
nu kungsi keok dina dua kali dina Pilkades Cangkewok, kiwari sasatna lir cucuk
dina jero daging, nu sakapeung bisa nyalaksak ngaruksak badan. Malah bisa jadi
masarakat nu katangen tambah owah teh akibat dipupuhuan ku manehna. Coba we,
masarakat teh ka behdieunakeun ku alesan pikeun najeurkeun semangat juang
numpas hama, bet lin ukur wani mentaan beas atawa duit di warga nu deukeut lokasi
boroan. Tapi geus wani newak hayam ti unggal kandang atawa ngecak balong,
memang nu boga hayam atawa lauk ge teu disapirakeun, arinyana milu ngadahar
najan kapaksa. Tapi hate kuring mah anger teu meureun. Sab kitu peta teh ampir
unggal poe, di unggal kampung. Sakapeung mah malah pacorok, kampung ieu moro di
kampung anu. Kitu deui sabalikna. Malah ku ayana euyah-euyahan kitu, teu saeutik
bangsa awewe nu kedul masak di imahna.
Atukna barudak boh nu sakola atawa satahap balita jadi katoler-toler, malah rea nu bolos sakola alesan teu
dipangmasakeun di imahna. Angur milu abring-abringan, bangun suka bungah najan
bari ngagembol budak da cenah sok ngeunah dahar najan di tengah sampalan.
Teuing kunaon kuring teu bisa lapor atawa
menta bongbolongan ka pangamanan atawa pamarentah beh luhur. Bet letah the asa
karasa cadel. Baringung nangen masarakat nu pola pikirna kawas nu geus robah.
Ngomong ge geus teu didenge, maranehna kawas nu judes leuwih ti misti. Unggal
panggih teh sasatna mariceun beungeut. Malah aya leuwih teu kaharti jeung
nalangsa basa aya budak ceurik jejeritan dina gandongan indungna, cenah sieun
nempo rupa kuring.
“Sieun beurit…sieun beuriiit…!” cenah
euy. Aya-aya wae.
Heup soal nu judes atawa budak sieuneun
mah. Tapi tukang moro beurit teh bet saterusna jadi ngagalasak kana domba atawa
embe. Sakandang nyokot hiji dina sagrupna, terus disate guling rame-rame.
Anehna kawas nu badami, unggal poe di unggal kampung teh sarua kitu. Soal nu
boga domba atawa embe nya teu bisa walakaya, magar teh da lin ukur rugi
sorangan, kabeh ge nu boga ingon-ingon teh ngalaman kitu, cenah,
Nangen kitu jadi inget kana masalah sapi.
Boa-boa bakal kajorag. Sapi kuring nu teu kurang ti 50 buntut tur geus dipencar
gaduhkeun ka sabagian warga moal boa beuki kasusud. Sabenerna lin masalah bakal
dicokot ku nu moro beurit bari terus dipake balakecrakan di sampalan –sabab
paling dicokot ge moal leuwih ti hiji sapi -- tapi leuwih nyoko kana musabab
bogana sapi-sapi lemosin eta. Sakuduna Sarkutang teh ngajedog, ulah loba comel.
Yakin manehna pasti teu belul ngawengku biwirna. Padahal mun dina kabokerna ge
geus tangtu inyana ge karingkus. Masalahna, tina pembebasan tanah 50 meter ti
basisir sapanjang 300 meter, geus kabagean 40 persen tina jumlah pembayaran
total -- samilyar. Eta teh kaitung tiis, make nyebut teu adil jeung licik.
“Yeuh Tang, sok sanajan ide utamana datang
ti dinya, kabagean 40 persen teh kudu leuwih ti untung. Sabab kuring mah 60
persen teh kotor,” cek kuring sabulan nu kaliwat. Enya pan kuring mah sajaba
urus-urus jeung akta notaris penjualan tanah teh, saeutik gedena kudu
ngawurkeun receh, boh di lingkungan gawe desa atawa ngeupeul ka sababaraha
tokoh masarakat nu boga pangaruh, kaitung nyumbang ka saban DKM nu aya di sabudeureun desa Cangkewok. Ari ieu
magar kuring teh kuwu korup nu geus tega nyekek beuheung rayat. Nanaonan. Ke
heula, sabab ieu mah masalah bisnis jeung kasempetan. Barina ge tanah basisir
nu dijual ka urang luar nu ngaliwatan leungeun pribumi, lin tanah milik
masarakat. Murni tanah desa nu teu kagarap. Sakali deui ieu lin ngadahar hak
batur, tapi murni bisnis. Pan Surantang, lalaki pituin turunan Cangkewok nu
aktif dihiji partey, ge mana hayang jadi kades teh ngincer piduiteun eta. Dasar
teu nyaho diuntung sia mah Sarkutang, hate kuring teu weleh noroweco. Bet jadi
ngewa ka Sarkutang. Sebel tuda.
Beuki dieu kuring jadi teu pati mirosea
ka masarakat nu teu weleh nu euyah-euyahan alesan moro beurit. Teu keheul ka
maranehna nu ngarasa judes, teu nalangsa ka budak nu ceurik jejeritan pedah
nangeun rupa kuring jiga beurit. Anger ngewa ka Si Markutang, najan nu moro
beurit teu nepi ka kolu ngajorag sapi-sapi kuring pikeun dipayor di sampalan.
Tapi nu jadi pikiran kunaon sapi kuring nu 50 buntut bisa ngiles dina waktu
sapeuting, geus moal boa digaksak beurit.
Yakin. Malah saterusna kuring teu
keuheul ka masarakat nu geus kolu ngaduruk imah jeung mobil kuring. Sabab geus
tangtu dikomando ku beurit. Beurit!**
(Pangandaran, November
2015)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar